Baraya...
poe kemis kamari sabot abi ka pangalengan,
di keluarga mah aya kajadian heboh, ku ayana nu nalipung ngakukeun polisi,
ngabarkeun yen lanceuk ipar anu di lembang kacilakaan di jalan nu
ngakibatkeun geger otak,
cenah ayeuna teh keur dirawat di RS Hasan Sadikin bandung...
atuh kulawarga teh langsung panik (histeris) balingsatan teu paruguh,
si mamah mah komo nepika ceurik terus2an..
katambah basa aya telepon kadua anu ngakukeun dokter,
anu nerangkeun yen lanceuk ipar geus parna pisan, bari telponna teh
dibikeun ka anu ngakukeun lanceuk ipar... sorana mirip pisan cenah,
da ngomongna teh ngan ukur... "ba..ba..paaa.. tulungan abi..."
tuluy ceuk si dokter teh.. "bapa...anak bapa cuma bisa mengeluarkan air
mata, ga bisa ngomong apa2.. dorongan semangat aja pa, semoga anak bapa
bisa diselamatkan..."
tungtungna si eta dokter teh menta ditransferkeun duit 16jt keur biaya
perawatan... ngan kusabab euweuh duit sakitu, keun we 5jt heula oge teu
nanaon.. cenah si polisina teh nelpon deui, "bapa.. bapa ngga usah
khawatir, yg nabraknya udah mau tanggung jawab, mau ngasih uang 45 jt"

si mamah buru2 nyiapkeun duitna dibikeun ka lanceuk lalaki sina transfer,
Alhamdulillah aya dulur anu gawena di RS Al Islam buru2 ngadatangan ka imah,
tuluy ditelpon si dokterna teh... kusabab pagawe RS jadi apal sagala
istilah nu aya di RS, ditanyakeun di ruangan naon di rawatna jeung naon2
wae anu geus dilakukeun ka si korban. Si dokter teh ditanya kitu ngan uga
igeu we... da teu apal tea..
tapi sanajan geus kanyahoan kitu, harita lanceuk lalaki mah masih keukeuh
we rek transfer duit ka dokterna, cenah da abi mah geus ngobrol jeung
dokterna, jadi we percaya... kitu deui si bapak (sigana mah pangaruh
hipnotis), nepikeun ka duit anu rek ditransfer teh direbut ku si dulur
tea...
"sok ayeuna mah telpon deui we heula ka lembang, bener henteuna mah.."
tuluy we ditelpon deui ku lanceuk, untung harita mah nyambung nelpon teh
(salila keur heboh kitu, nelponan ka lanceuk ipar teh teu nyambung wae
nepikeun ka sasabaraha kali oge), nu ngangkat lanceuk ipar langsung...

"onik... bener ieu onik...??" ceuk lanceuk siga nu teu percaya.
"enya.. aya naon kitu..??" ceuk lanceuk ipar.
"gelooooooo....!!!!" ceuk lanceuk nahan ka ambek.
tuluy we dicaritakeun ka lanceuk ipar kajadian anu sabenerna.
Alhamdulillah... teu jadi katipuna teh...!!

Baraya... kade ati2 mun narima telpon siga kitu, ulah langsung panik,
kudu aya nu sadarna salah saurang... supaya logika urang jalan keneh,
maenya we ayeuna ngabarkeun kacilakaan via telpon bari jeung kudu transfer
duit, jeung deuih piraku dokter pipilueun dina masalah kitu.
Kahade... sigana nelponna teh make unsur hipnotis, kamari oge  kulawarga
teh langsung we palercayaeun. Ari geus sadar mah logikana jaralan deui...
anehna deui... HP anu jadi korbanna teh bisa dijieun sibuk mun dihubungi.
Hese pisan nepikeun sababaraha kali ditelpon oge...
Loba pisan kajadian samodel kitu teh, malahan ceuk dulur anu gawe di RS,
pernah aya nu katipu nepika 40jt. Datang ka RS neang korbanna teu
kapanggih, ahirna di RS ceurik lolongseran da geus katipu 40jt.

Tah ieu no rekening anu kudu ditransferna :
0010494249 a/n Novi Wulandari cenah mah BCA cabang jakarta.
ieu no HP anu sababaraha kali nelponna :
085285352199, 085838042639

Sigana mah kusabab penipuan barang geus loba nu teu percaya,
ganti we ayeuna mah modusna ku ngaheureuykeun nyawa batur...


Panzi
E-mail : [EMAIL PROTECTED]
Enggineering Section
PT Inti Pindad Mitra Sejati
Bandung - Jawa Barat

Kirim email ke