Prak atuh, kang Cepi bade dina widang naon? Kusnet gaduh yayasan perceka, sanajan gurem. Nembe rengse masihan beasiswa satauneun kanggo 20 urang barudak desa linggajat, cilimus kuningan (lembur kang Ndoel Teja). Sanaos nu pokona mah ngadamel pabukon di desa-desa. Bari dijurung ku tilu-genep urang baraya nu rutin mantuan. Bulan ieu medalkeun deui buku karya kang Syam Ridwan, Keom Sakedap 2, Sura Seuri Siga Surili. Asalna Keom Sakedap 1 dipedalkeun ku kiblat buku utama, da teu katanagaan ku yp mah, kurang jelema jeung dana. Sanajan baheula kungsi. Karasa ripuh kurang tanaga mah. Perkawis gerakan kasundaan umumna, Naha can bisa maju? Komo dana abadi kasundaan mah, sakitu strategisna. Sabab rumus teori matematika cap lamun, hese dipakena. Cara kieu tea, US aya 40 juta urang. Mun saurangna udunan sarebu perak, cara gebu minang, baris meunang 40 milyar. Tapi teu aya nu prak kitu. Posted by: "cepy alhakim" <mailto:[EMAIL PROTECTED] > [EMAIL PROTECTED] <http://profiles.yahoo.com/alhakimc> alhakimc Wed Sep 17, 2008 11:46 pm (PDT) Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sing kuring ngusulkeun, kumaha lamun milist urang sunda teh dioptimalkeun heunteu kanggo curhat atanapi tukar ikiran tapi urang kongkretkeun...misalnya, ngumpulkeun naskah sunda nu aya di antara anggota, atanapi ngumpulkeun resep resep khas sunda anu aya di kampung-kampung sejak jaman baheula, misalnya angeun kacang, liwet, sambel oncom jeung nu laina, atanapi urang iuran ti anggota ngabantu yatim atawa sakola nu ampir rubuh itung-itung kerja bakti urang ka lemah cai... Insya Allah urang sunda bisa hudang, heunteu saukur ngomong wungkul bisa na teh... sampurasun, alhakimc

