Anjeun Lain Bangsa Aniaya

 

Tatar
     Sunda kaitung legana,

ti wetan nepi ka
kulon,

ti kidul nepi ka
kalerna,

istuning lemah
cai nu teu lintang endahna. 

 

Ting parentul
raja-raja laleutik nu kasebar luhureuna,

aya cirebon,galuh,sumedang,subang,pakuan,banten,jeung
sajabana,

nu baheula
sairing sauyunan diaping ku Siliwangi nu mingpin,

nepi kakoncara
kamana-mana. 

 

Sunda nu gede
jajatena,

sunda nu gede
wawanena,

sunda nu gede
kawanina,

ngahiji sakabeh
asa sadulur sabaraya. 

 

Nagara lian milu
gimir ningalina,

teu wani arek
ngarogahala,

teu wani arek
ngabedah sagara,

Siliwangi
dipikaseuseub ku nagara tatangga. 

 

Ngan hanjakal
saenggeus Siliwangi tilar dunya,

raja laleutik
marisah tina tali nu tadina aya,

jadi raja nu
gampang diadu domba,

nepi ka sunda
leungit kajayaana. 

 

Geus ratusan
taun urang sunda diperdaya,

hirup na taneuh
sorangan bari
kudu nyewa,

geus lain nu
ngapimilik lemah caina,

jadi patalukan
bangsa sejena. 

 

Lain ceuceub
komo ngahina,

anggur dipikir
nu saenyana,

urang sunda jadi
kacung rek nepi ka iraha,

jadi lakon
borokokok dina sandiwara. 

 

Lain Ngajak Nyieun Nagara Luhureun Nagara,

ukur ngageuing
ngarah geura,

ngamimitian jadi
pamingpin di ieu nagara,

ngabalikeun deui
kajayaan urang sunda. 

 

Anjeun lain
bangsa aniyaya,

anjeun oge teu
meunang cicing dianiyaya,

inget Siliwangi
kungsi mawa jaya,

ayeuna mangsana
anjeun ngahiji jeung sasama sunda. 

 

Moal kudu eleh
jajaten,

moal kudu eleh
wawanen,

tinggal gedekeun
jajaten,

tinggal gedekeun
wawanen.




      

Kirim email ke