Kuring Aya Di Kulon

 

Kuring
     nonggerak murid Ki Santang,

kuring lain
turunan Ki Santang,

kuring ukur
maturan Ki Santang,

kuring rahayat
sunda nu dipikanyaah Ki Santang,. 

 

Kuring aya di
kulon,

kuring nganjrek
di kulon,

na wangsit
kuring kudu di kulon,

gumelar kajayaan
sunda ngamimitian di kulon. 

 

Ulah neangan
kuring nu cicing di kulon,

anggur geura
bantuan si budak angon,

nu ku kuring
ngahaja di angon,

ngarah bisa
manggihan wewengkon. 

 

Kuring wanoh ka
anjeun,

kuring nempo
jerona anjeun,

kuring nempo
katukangna anjeun,

kuring nempo
sakolebat kahareupna anjeun. 

 

Ampun paralun
lain kuring bisa,

kuring ngan ku
Nu Kawasa dijadikeun bisa,

sabab kuring
tatadina teu hayang bisa,

kuring teu
ngudag-ngudag hayang bisa. 

 

Kuring teu
hayang katempo,

nepi ka tungtung
carita moal katempo,

mun geus kaguar
kuring teu hayang katempo,

oge si
angon,janggot,buncir moal bakal katempo. 

 

Kuring moal ieuh
mundur,

kuring lain jiga
undur-undur,

saencan
kawatesan ku umur,

kuring rido
ngusahakeun saumur-umur. 

 

Kuring nu nyaho
beulah mana,

kuring nu apal
kudu kumaha,

kuring nu ngarti
mimitina timana,

kuring nu surti
nu rek disanghareupan kumaha. 

 

 

Ulah lalawora
kajeun ukur sora,

kuring lain
ngomong teu sapira,

kuring nyaho aya
nu ceuceub pohara,

kudu ati-ati
bisi kasura. 

 

Geus mangsana,

geus waktuna,

geus kuduna,

pamanggih kuring
hiji-hiji dibuka. 




      

Kirim email ke