Dalah Teuing Endahna Sunda

 

Lamun
     sakabeh urang sunda geus ngarasa sadulur sabaraya,

silih ngawangian
ku basa nu lembut jeung daria,

runtut raut dina
hirup natangga,

silih genti
mairan mun nu lain keur nalangsa. 

 

Lamun sakabeh
urang sunda ngarasa reueus jadi sunda,

ngarasa
ngapimilik tatar sunda,

ngabela tatar
sunda ku sakabeh tanaga,

ngajaga jeung
ngariksa nu euweuh jeung nu masih aya. 

 

Lamun sakabeh
urang sunda ngarasa hiji raga,

mun cinggir
nyeri sakabeh awak milu ngarasa,

mun panon peurih
sakabeh awak tunggara,

nu leutik nu
gede silih aku sakulawarga. 

 

Dalah teuing
endahna sunda,

ka limpedan ku
wawangi sunda,

titinggal
Siliwangi harita,

raja nu agung
tur wicaksana. 

 

Mun sakabeh eta
geus nerap deui di urang sunda,

mana teuing
bagja raja anjeun di alam baka,

sunda bakal
ngahiji deui jiga baheula,

ngamimitian
nanjeurkeun sunda nu kungsi kakoncara. 

 

Nyanggakeun
hormat kuring ka Kang Tirta..

Iraha urang
geura meunang sawala.

 

 

 




      

Kirim email ke