Ieu Lain Jang Kuring
Lamun
aranjeun geus bisa silih asih,silih asah,silih asuh jeung baraya,
ngajauhan sipat
adigung adiguna,
patali ati dina
mangsa kahareupna,
ku kuring bakal
ditembrakeun ngarah katempo nonggerak ku balarea.
Ieu lain nu
kuring,
ieu lain jang
kuring,
ieu teu mangpaat
jang kuring,
ieu ngan nu
dititipkeun ka kuring.
Ti
danget ieu ka sakabeh urang sunda,
geus dibarengan
ku maung tilu rupa,
geus moncorong
tanda kujang dina dada,
jang marengan
ngudag kajayaan sunda.
Maung hideung di
beulah kenca,
maung koneng di
beulah katuhu ayana,
di tukang maung
lodaya.
Kade ulah salah
sangka.
Lain nyurup ka
jalma,
lain nyulusup
kana sukma,
teu meunang
dimulya-mulya,
istuning aya di
luar raga.
Kanu geus bisa
ngarasa,
anggur ajak
cumarita,
nu tilu rupa
makhluk biasa,
ku kuring ngan
ukur dititah ngajaga.
Kanu teu bisa
ngarasa,
keun we teu
katempo tapi aya,
disentakan oge
moal cumarita,
maranehna ngan
ukur ngajaga.
Si angon mingpin
si maung hideung,
si janggot
mingpin si maung koneng,
si buncir mingpin
si maung loreng.
Geus ngamimitian
ngagawekeun nu kaamanatan.
Si
angon geus ngamimitian ngorehan,
si janggot beuki
leukeun mamatahan,
si buncir geus
daek merangan bari
ambek-ambekan,
syukur ka Nu
Kawasa kuring geus mimiti nganteur nu tiluan.
Kuring keur
naluntik nu sawelas sesana,
nu geus katulis
na carita,
sugan geura bisa
katalinga,
ngarah geura
bisa lalaga.