Ulah sakali-sakali ngaleungitkeun
ciri.

 

Ulah
     sakali-sakali ngaleungitkeun ciri,

keukeuh pageuh
nunjukeun jati diri,

sakuat tanaga
ngabela harga diri,

ngajaga jeung
ngariksa warisan ti karuhun nepi kiwari. 

 

Hirup akur jeung
batur salembur,

pacekel-cekel
pageuh sasama sunda asa jeung dulur,

bareng
nyanghareup mun aya gangguan ti batur,

ulah paburencay
anggur ngumpul bari
akur. 

 

Moal aya nu wani
mun urang sunda ngahiji,

ulah daek
diadukeun jeung sasama sunda da anjeun teh hiji,

ulah diheulakeun
beda tapi heulakeun nu sarua ngarah ngahiji,

korehan sajarah
nu estuning warisan karuhun nu enya nu jadi misti. 




      

Kirim email ke