Anggap eta jiga banda nu laina
Lamun
aya hiji makhluk ti golongan jin jeung manusa,
nu boga
kayakinan hiji cecekelan dipuja-puja,
nepi ka ngarasa
bisa mawa kasalametan di dunya,
atawa nagtukeun
nasib jin jeung manusa,
eta tandana geus
nganggap ngamulya-mulya.
Lain ku soal
keris jeung sajabana nu matak doraka,
tapi nganggap
eusi eta keris mawa mulya,
eta nu teu
meunang dina agama,
ulah nutup panon
da loba keneh nu percaya.
Anggap eta jiga
banda nu laina,
aya atawa euweuh
teu mangaruhan hirup anjeun di dunya,
jaga jeung riksa
jang ngahormat nu nyieuna,
nasib kahirupan
urang nu nangtukeun ukur Nu Kawasa.