Omat Urang Sunda Ulah Papisah

 

Sarupaning
     laku lampah nu geus jadi kabiasaan,

kajeun geus lila
aya disabudereun kahirupan,

ulah salempang
tepikeun bebeneran,

rek diturut
atawa henteu urang teu boga urusan. 

 

Lamun urang teu
wani nepikeun bebeneran,

urang bakal
dibenduan ku pangeran,

mending urang
teu kudu ngelmu bebeneran,

ngarah Gusti teu
ngahisab di poe panungtungan. 

 

Sakabeh dulur nu
boga pangaweruh,

teu kudu gimir
nunjukeun ajaran nu puguh,

kajeun kudu
ngarobah kabiasaan para sepuh,

kajeun sakabeh
dulur nganggap urang musuh. 

 

Hirup di dunya
henteu lila,

matak naon
saeutik bisa ngaleungitkeun nu jadi mamala,

teu ngan uklur
mendekul sorangan bari
sila,

boga tapak di
dunya milu nolak bala. 

 

Jorowokeun
Allahuakbar,

teuneung ludeung
dibarengan ku sabar,

nyanghareupan nu
leuwih gede ti perang badar,

ngigelkeun nafsu
ulah nepikeun urang jadi teu sadar. 

 

Di bulan nu
pinuh ku berkah,

muga Gusti ka
urang maparin hidayah,

jadi jalma
ludeung bari
tetep sadrah,

omat urang sunda
ulah papisah. 

 

Kabeh makhluk ku
Allah dibere kabisa,

geura pake jeung
mangpaatkeun jang jalma rea,

jang nanjeurkeun
deui kamakmuran urang sunda,

kudu era urang
teu jiga Surawisesa. 

 

Kuring geus
mimiti ngorehan,

batur kuring
satia maturan,

hampura geuning
can puguh kaburu nungguan,

kaburu leungit
manten kasempatan nu arang nembongan.

 

 




      

Kirim email ke