Kabeh Make Tujuan

 

Euweuh
     sahiji oge nu teu dihaja dina kahirupan,

kabeh saimbang
dina aturan alam,

nu leutik nu
gede  pasti aya tujuan,

tinggal urang
sadia ngalenyepan.

 

Allah
     Subahanahu Wata’ala nyieun alam lain heuheureuyan,

nyiptakeun
sakabeh eusina sabab kurang pagawean,

nuliskeun nasib
sakabehna bari
babaledogan,

kabeh make
tujuan.

 

Allah
     nyieun kuring aya tujuan,

ngabisakeun
kuring aya tujuan,

nyiptakeun
anjeun aya tujuan,

ngabisakeun
anjeun aya tujuan.

 

Ayana Siliwangi
lain teu dihaja,

ayana Ki Santang
lain teu dihaja,

ayana Tatar
Sunda lain teu dihaja,

ayana bangsa
jeung basa sunda lain teu dihaja. 

 

Lamun kuring teu
ngahargaan tatar sunda,

lamun kuring teu
ngahargaan rahayat sunda,

lamun kuring teu
ngahargaan basa sunda,

hartina kuring
teu ngahargaan Nu Nyieuna. 

 

Ba’id
naudzubillahimindzalik Gusti,

ulah jantenkeun
abdi jalmi nu sapertos kitu Gusti,

subahanallah
abdi muji dadamelan Gusti,

nu alit nu
ageung abdi mah moal tiasa Gusti. 

 

Upami abdi masih
keneh gaduh gerentes kitu,

giring abdi kana
aturan nu tangtu,

supados hirup
abdi henteu kalangsu,

supados jisim
abdi henteu kawon ku nafsu. 

 

Upami nu nuju
dilakonan ieu lepat,

ebrehkeun ka
abdi yen ieu lepat,

supados abdi
henteu nyandak lepat,

abdi sieun engke
dihisab kumargi ngajarkeun nu lepat.

 

Namung upami ieu
leres,

kiatkeun abdi
tetep dinu leres,

tegerkeun abdi
ngabela nu leres,

anging Gusti nu
terang  nu mana nu leres. Amiin.




      

Kirim email ke