Seniman ti Sumedang
Ngajoprak teu Walakaya
KASATIAAN Mang Yaya kana seni tarawangsa, geus kaukur ku waktu, geus kauji ku
wanci. Diajar nabeuh tarawangsa (rebab jangkung), ti keur rumaja keneh. Mang
Yaya nu lahir di Lebaktulang, Desa Nagarawangi, Kacamatan Rancakalong,
Kabupeten Sumedang lir nu ditakdirkeun kudu kumawula kana seni buhun titinggal
karuhun. Harita, pasanganana teh Mang Anda urang Cipala. Mang Yaya nu ngesetna,
Mang Anda nu ngacapina. Muwuh endah, harmonis, dina keset jeung sintreuk
kacapi. Mang Anda eureun tina nabeuh, Mang Yaya mah terus, najan harita
tarawangsa teu pati dipirosea ku balarea. Nya ganti pasangan, manehna ngadidik
Kang Udin urang Cinangka. Ayeuna nasib Mang Yaya pikawatireun, ngajoprak teu
walakaya.
MANG Yaya, kitu kuring nyebut ka anjeunna teh. Nyebut emang teh, pedah kawin ka
kapibibi sabrayna kuring, ka Bi Erah. Mang Yaya aslina mah ti lembur
Lebaktulang, ari Bi Erah mah ti Cijere. Kuring asli urang Cijere. Lembur
Lebaktulang jeung Cijere teh paeunteung-eunteung, masih sadesa, nya eta desa
Nagarawangi. Harita kawin ka Bi Erah teh ngaduakalina, mawa anak tilu. Anakna
nu bungsuna mah saumuran jeung kuring.
Natrat panineungan ngeunaan kahirupan Mang Yaya. Sainget, anjeunna teh tukang
ngeset tarawangsa. Harita layanna teh Mang Anda urang Cipala, Mang Anda mah
kabisana teh kana metik kacapina. Umurna, sapantaran wae jeung Mang Yaya. Ngan
sanggeus Mang Yaya pindah ka Cijere, ka lembur Bi Erah, rada jarang Mang Anda
marengan nabeuh. Malah ahirna mah eureun. Sigana jauh teuing ti imahna.
Mun mireng Mang Yaya jeung Mang Anda nabeuh, hate teh kokoleangan lir
langlayangan ulin dialak. Bener-bener rasa kabawa ngalayang ku sora tarawangsa
nu diulinkeun ku Mang Yaya. Lebah lagu Ayun Ambing, Angin-angin, Mataraman,
jeung Jemplang, muwuh matak endah. Sora kesetna ngawirahma, kaanginkeun ku
angin, rumayap dina simpena peuting. Da kapan tarawangsa mah ditabeuhna sok
peuting, ti jam salapan nepi ka janari samemeh bedug subuh ngadurugdug ti
masigit
Tarawangsa ditabeuh teh biasana jang nyalametkeun imah, salametan nyalin atawa
panen pare, ngariakeun, atawa nyalametkeun orok nukarek lahir. Atawa dina acara
ngalaksa jeung acara mubur suro. Tarawangsa teh seni nu mihormat kana Nyi
Pohaci Sanghiang Sri atawa kana pare.
Biasana mun mulang nabeuhna teh, ukur dibahanan sasajen jeung pare sageugeus
sewang. Nu boga hajat sok nitah nu digawe dina eta hajat sangkan
mangnanggungkeun sasajen tea ka imahna Mang Yaya. Ka ayeunakeun sok remen
dibere ongkos jang naek ojeg. Nu nganteurkeun teh ngarekeh nanggung sumbul
atawa boboko, mapay-mapay jalan satapak nu cipruk keneh ku cireumis. Sasajen
teh biasana geus pada ngadago ku para pamuda nu biasa lohong ka imah anjeunna.
Mang Yaya teh sok ngabina pamuda sangkan resep kana seni karuhun.
Taun 1980-an basa Nagarawangi dicekel ku Kuwu Asri, harita tarawangsa teh kawas
rek pareum. Ukur sababaraha grup nu aya, di antarana di Cikondang, di
Legokpicung, jeung di Cibunar. Matak keueung, lantaran mimiti langka nu nabeuh.
Inget keneh harita aya gerakan cinta kana tarawangsa. Mang Yaya singkil, ngajak
ka Anang Gunawan nu harita cekel gawe jadi guru SD pikeun ngayakeun lomba
nabeuh tarawangsa jeung ngigelanana di tingkat SD. Oge aya lomba nabeuh
tarawangsa di antara grup nu aya di Rancakalong. Hasilna luar biasa, tarawangsa
bisa menyat deui. Malah aya jadwal nabeuh di radio stasiun daerah. Jadwal
manggung teh saminggu sakali. Ngear saban malem Rebo, maturan nu leleson sabada
mulang gawe ti kebon.
Tarawangsa pada mikawanoh deui, malah kaum akademisi mimiti daratang ti
Bandung. Harita nu di ajar teh ti Kokar (SMK 10), jeung ti ASTI (STSI). Malah
loba nu nyieun tugas ahir ngeunaan tarawangsa, di antarana aya nu nyieun
skripsi, tesis jeung desertasi. Mang Yaya ge remen diogan ka Bandung pikeun
jadi guru tamu atawa dosen tamu. Malah kungsi magelaran di gedong kasenian di
Bandung. Kungsi maen di TVRI Bandung jeung di RRI Bandung.
Malah pelukis teureuh Rancakalong, Umar, remen ngabringkeun turis asing pikeun
ngadongdon tarawangsa. Ngeunaan tarawangsa geus kaambeu ku internasional jeung
nasional. Sababaraha mahasiswa asing nalungtik ngeunaan tarawangsa jang
kapentingan tesis katut desertasina.
Tapi Mang Yaya mah angger kitu, peutingna manggung, teu sare ti jam 8 parat
nepi ka subuh. Nabeuh bari sila, ngaladenan nu ngigel. Ti mimiti acara
ngalungsurkeun nepi ka nginebkeun, rema-remana teh ngulinkeun keset jeung
senar. Minangka ubar tunduhna teh ngaroko jeung nguyupan cikopi nu liket.
Hayang kahampangan ge ditahan, lantaran saha gantina atuh mun anjeunna nyelang
heula mah. Jarang jalma nu biasaeun ngeset, beda jeung nu ngacapina, loba nu
bisaeun.
Sigana alatan loba nahan kahampangan, jeung terus-terusan nguyupan cikopi,
“kantong kemihna” ayeuna kaserang kasakit. Mang Yaya ngajoprak teu bisa
kahampangan. Teu walakaya. Sang seniman teh ukur bisa humarurung. Geus beak
nanaon keur uubarna. Cenah kudu dioprasi.
“Duit ti mana atuh keur ngaoprasina. Keur kontrol ge kawalahan. Geus lieuk
euweuh ragap taya ayeuna teh!” ceuk Bi Erah dibarung ku nyegruk ceurik.
Cenah, kahayang mah dibawa ka Bandung, ka Rumah Sakit Hasan Sadikin, tapi teu
boga waragadna. Pemda Kabupaten Sumedang, utamana dina pariwisatana teu ieuh
paduli ka Mang Yaya nu kungsi nyeungitan Sumedang dina seni tradisina. Kitu
deui Bupati jeung rengrenganana, can aya kanyaahna ka seniman nu ayeuna teu
walakaya alatan teu boga duit jang uubar. Mang Yaya memang geus teu walakaya.
Ukur ngajoprak dina kasur. Kahampanganana geus make selang, da puguh taya
waragad keur ngoprasina.
“Mang Yaya teh gede jasana kana kasenian tarawangsa. Lian ti ngajaga,
ngamajukeun, oge ngadidik nonoman sangkan resep kana eta seni. Malah para
akademisi di Bandung, loba nu geus jadi jelema nu baheula mah panalungtikanana
teh ti ieu lembur. Tapi, ieu no boga jasana teu dipirosea. Dina kaayaan keur
kaserang panyakit parna, boro-boro aya nu nempo, dalah pamarentah ge apilain
pisan. Harianeun…” ceuk Ajang nu ngaku bisa nabeuh teh alatan diwarah ku Mang
Yaya.***
Dicaritakeun ku Usman Supendi, wartawan Galura.