Ka Para Wargi Urang Sumedang, kumaha upami urang rereongan ngempelkeun 
sasieureun sabeunyeureun kanggo kaperyogian Mang Yaya, tos ngempel urang 
kintunkeun ka Sumedang atanapi tiasa bae dititipkeun ka Kang Usman Supendi. 
upami aya nu bade ngiring rereongan tiasa ngintun artos ka rekening Perceka 
atanapi ka rekening sim kuring  Bank Mandiri KCP Kanpus Telkom Bandung 
1310004495760 an Mamat Sasmita. Rekening YP aya di Mang J.
Upami tos ngintun saena mah nga sms ka HP sim kuring 0817228521.
Hatur nuhun.
Ka Kang Usman urang silih kontak we ka HP sim kuring.

MSas


  ----- Original Message ----- 
  From: kang kabayan 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, September 22, 2008 10:37 AM
  Subject: [Urang Sunda] Nasib Seniman Sunda ti Pasisian


          Seniman ti Sumedang
          Ngajoprak teu Walakaya

          KASATIAAN Mang Yaya kana seni tarawangsa, geus kaukur ku waktu, geus 
kauji ku wanci. Diajar nabeuh tarawangsa (rebab jangkung),  ti keur rumaja 
keneh. Mang Yaya nu lahir di Lebaktulang, Desa Nagarawangi, Kacamatan 
Rancakalong, Kabupeten Sumedang lir nu ditakdirkeun kudu kumawula kana seni 
buhun titinggal karuhun. Harita, pasanganana teh Mang Anda urang Cipala. Mang 
Yaya nu ngesetna, Mang Anda nu ngacapina. Muwuh endah, harmonis, dina keset 
jeung sintreuk kacapi. Mang Anda eureun tina nabeuh, Mang Yaya mah terus, najan 
harita tarawangsa teu pati dipirosea ku balarea. Nya ganti pasangan, manehna 
ngadidik Kang Udin urang Cinangka. Ayeuna nasib Mang Yaya pikawatireun, 
ngajoprak teu walakaya.

          MANG Yaya, kitu kuring nyebut ka anjeunna teh. Nyebut emang teh, 
pedah kawin ka kapibibi sabrayna kuring, ka Bi Erah. Mang Yaya aslina mah ti 
lembur Lebaktulang, ari Bi Erah mah ti Cijere. Kuring asli urang Cijere. Lembur 
Lebaktulang jeung Cijere teh paeunteung-eunteung, masih sadesa, nya eta desa 
Nagarawangi. Harita kawin ka Bi Erah teh ngaduakalina, mawa anak tilu. Anakna 
nu bungsuna mah saumuran jeung kuring.
          Natrat panineungan ngeunaan kahirupan Mang Yaya. Sainget,  anjeunna 
teh tukang ngeset tarawangsa. Harita layanna teh Mang Anda urang Cipala, Mang 
Anda mah kabisana teh kana metik kacapina. Umurna, sapantaran wae jeung Mang 
Yaya. Ngan sanggeus Mang Yaya pindah ka Cijere, ka lembur Bi Erah, rada jarang 
Mang Anda marengan nabeuh. Malah ahirna mah eureun. Sigana jauh teuing ti 
imahna.
          Mun mireng Mang Yaya jeung Mang Anda nabeuh, hate teh kokoleangan lir 
langlayangan ulin dialak. Bener-bener rasa kabawa ngalayang ku sora tarawangsa 
nu diulinkeun ku Mang Yaya. Lebah lagu Ayun Ambing, Angin-angin, Mataraman, 
jeung Jemplang, muwuh matak endah. Sora kesetna ngawirahma, kaanginkeun ku 
angin, rumayap dina simpena peuting. Da kapan tarawangsa mah ditabeuhna sok 
peuting, ti jam salapan nepi ka janari samemeh bedug subuh ngadurugdug ti 
masigit
          Tarawangsa ditabeuh teh biasana jang nyalametkeun imah, salametan 
nyalin atawa panen pare, ngariakeun, atawa nyalametkeun orok nukarek lahir. 
Atawa dina acara ngalaksa jeung acara mubur suro. Tarawangsa teh seni nu 
mihormat kana Nyi Pohaci Sanghiang Sri atawa kana pare.
          Biasana mun mulang nabeuhna teh, ukur dibahanan sasajen jeung pare 
sageugeus sewang. Nu boga hajat sok nitah nu digawe dina eta hajat sangkan 
mangnanggungkeun sasajen tea ka imahna Mang Yaya. Ka ayeunakeun sok remen 
dibere ongkos jang naek ojeg. Nu nganteurkeun teh ngarekeh nanggung sumbul 
atawa boboko, mapay-mapay jalan satapak nu cipruk keneh ku cireumis. Sasajen 
teh biasana geus pada ngadago ku para pamuda nu biasa lohong ka imah anjeunna. 
Mang Yaya teh sok ngabina pamuda sangkan resep kana seni karuhun.
          Taun 1980-an basa Nagarawangi dicekel ku Kuwu Asri, harita tarawangsa 
teh kawas rek pareum. Ukur sababaraha grup nu aya, di antarana di Cikondang, di 
Legokpicung, jeung di Cibunar. Matak keueung, lantaran mimiti langka nu nabeuh. 
Inget keneh harita aya gerakan cinta kana tarawangsa. Mang Yaya singkil, ngajak 
ka Anang Gunawan nu harita cekel gawe jadi guru SD pikeun ngayakeun lomba 
nabeuh tarawangsa jeung ngigelanana di tingkat SD. Oge aya lomba nabeuh 
tarawangsa di antara grup nu aya di Rancakalong. Hasilna luar biasa, tarawangsa 
bisa menyat deui. Malah aya jadwal nabeuh di radio stasiun daerah. Jadwal 
manggung teh saminggu sakali. Ngear saban malem Rebo, maturan nu leleson sabada 
mulang gawe ti kebon.
          Tarawangsa pada mikawanoh deui, malah kaum akademisi mimiti daratang 
ti Bandung. Harita nu di ajar teh ti Kokar (SMK 10), jeung ti ASTI (STSI). 
Malah loba nu nyieun tugas ahir ngeunaan tarawangsa, di antarana aya nu nyieun 
skripsi, tesis jeung desertasi. Mang Yaya ge remen diogan ka Bandung pikeun 
jadi guru tamu atawa dosen tamu. Malah kungsi magelaran di gedong kasenian di 
Bandung. Kungsi maen di TVRI Bandung jeung di RRI Bandung.
          Malah pelukis teureuh Rancakalong, Umar, remen ngabringkeun turis 
asing pikeun ngadongdon tarawangsa. Ngeunaan tarawangsa geus kaambeu ku 
internasional jeung nasional. Sababaraha mahasiswa asing nalungtik ngeunaan 
tarawangsa jang kapentingan tesis katut desertasina.
          Tapi Mang Yaya mah angger kitu, peutingna manggung, teu sare ti jam 8 
parat nepi ka subuh. Nabeuh bari sila, ngaladenan nu ngigel. Ti mimiti acara 
ngalungsurkeun nepi ka nginebkeun, rema-remana teh ngulinkeun keset jeung 
senar. Minangka ubar tunduhna teh ngaroko jeung nguyupan cikopi nu liket. 
Hayang kahampangan ge ditahan, lantaran saha gantina atuh mun anjeunna nyelang 
heula mah. Jarang jalma nu biasaeun ngeset, beda jeung nu ngacapina, loba nu 
bisaeun.
          Sigana alatan loba nahan kahampangan, jeung terus-terusan nguyupan 
cikopi, “kantong kemihna” ayeuna kaserang kasakit. Mang Yaya ngajoprak teu bisa 
kahampangan. Teu walakaya. Sang seniman teh ukur bisa humarurung. Geus beak 
nanaon keur uubarna. Cenah kudu dioprasi.  
          “Duit ti mana atuh keur ngaoprasina. Keur kontrol ge kawalahan. Geus 
lieuk euweuh ragap taya ayeuna teh!” ceuk Bi Erah dibarung ku nyegruk ceurik.
          Cenah, kahayang mah dibawa ka Bandung, ka Rumah Sakit Hasan Sadikin, 
tapi teu boga waragadna. Pemda Kabupaten Sumedang, utamana dina pariwisatana 
teu ieuh paduli ka Mang Yaya nu kungsi nyeungitan Sumedang dina seni tradisina. 
Kitu deui Bupati jeung rengrenganana, can  aya kanyaahna ka seniman nu ayeuna 
teu walakaya alatan teu boga duit  jang uubar. Mang Yaya memang geus teu 
walakaya. Ukur ngajoprak dina kasur. Kahampanganana geus make selang, da puguh 
taya waragad keur ngoprasina.
          “Mang Yaya teh gede jasana kana kasenian tarawangsa. Lian ti ngajaga, 
ngamajukeun, oge ngadidik nonoman sangkan resep kana eta seni. Malah para 
akademisi di Bandung, loba nu geus jadi jelema nu baheula mah panalungtikanana 
teh ti ieu lembur. Tapi, ieu no boga jasana teu dipirosea. Dina kaayaan keur 
kaserang panyakit parna, boro-boro aya nu nempo, dalah pamarentah ge apilain 
pisan. Harianeun…” ceuk Ajang nu ngaku bisa nabeuh teh alatan diwarah ku Mang 
Yaya.***

          Dicaritakeun ku Usman Supendi, wartawan Galura.






       



   

Kirim email ke