--- In [email protected], "kankkabayan_bandung"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In [email protected], "Subur Mangkurat Natapradja"
> <nata1466@> wrote:
> >
> > innalillahi wa inna ilaihi roji'un meni hawatos kitu, kang
punten
> di antos
> > saenggalna nyungkeun alamat ang Yaya
> > anu jelas, margi sim kuring kadug wargi di sumedang, bade di
> piwarang
> > nepangan. kasadayana wargi2 weh ieu mah anu terang alamat na anu
> jelas
> > kalintang di antos pisan saenggalna,, hatur nuhun sateuacan na.
> >
> > Wassalm
> > Nata
Aduh Kalintang Bingahna pangersa sakitu asih welasna ka seniman ti
Pasisian nu merjuangkeun seni dugi ka kawentar ka internasional.
Nembe putrana lumengis, saurna kedah dicandak ka RHS, Ka Bandung.
Kedah aya biaya 10 juta . Ngajengkeun ka Pemda Sumedang kedah aya
proposal. Bingung, bujeng-bujeng ngemutan nu kitu, dalah nu teu
damang mah kapan mingkin wales. Alamat Mang Yaya, di Kampung
Cijere ,
desa Nagarawangi, Kacamatan Rancakalong. Teu damangna teh sabada
merjungkeun Kampung Adat, nu ayeuna eta kampung teh tos ngadeg. Brek
teu damang. Mundut bantuan ka Pemda, hare-hare da kapungkur mah
ngadegkeun kampung adat dirojong teh dumeh kapentingan politik
PILKADA. Tos kenging mah hare-hare deui. No tlp putrana: Jajang
Koswara, no Hp: 085221360165. Abdi kamari nelepon ka kasepuhan Wa
Sas, bilih bade ka Sumedang sareng Mang JM. Bilih bade meser
waditra nu mangtaun-taun janten saksi kahirupan ieu seni karuhun.
Bade dilelang kanggo biaya oprasi. Abdi mah, insya Allah dinten
saptu bade ngalongok.
Baktos
Pun Usman .