--- In [email protected], "Subur Mangkurat Natapradja" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> innalillahi wa inna ilaihi roji'un meni hawatos kitu, kang punten 
di antos
> saenggalna nyungkeun alamat ang Yaya
> anu jelas, margi sim kuring kadug wargi di sumedang, bade di 
piwarang
> nepangan. kasadayana wargi2 weh ieu mah anu terang alamat na anu 
jelas
> kalintang di antos pisan saenggalna,, hatur nuhun sateuacan na.
> 
> Wassalm
> Nata

Aduh Kalintang Bingahna pangersa sakitu asih welasna ka seniman ti 
Pasisian nu merjuangkeun seni dugi ka kawentar ka internasional. 
Nembe putrana lumengis, saurna kedah dicandak ka RHS, Ka Bandung.  
Kedah aya biaya 10 juta . Ngajengkeun ka Pemda Sumedang kedah aya 
proposal. Bingung, bujeng-bujeng ngemutan nu kitu, dalah nu teu 
damang mah kapan mingkin wales. Alamat Mang Yaya, di Kampung Cijere , 
desa Nagarawangi, Kacamatan Rancakalong. Teu damangna teh sabada 
merjungkeun Kampung Adat, nu ayeuna eta kampung teh tos ngadeg. Brek 
teu damang. Mundut bantuan  ka Pemda, hare-hare da kapungkur mah 
ngadegkeun kampung adat dirojong teh dumeh kapentingan politik 
PILKADA. Tos kenging mah hare-hare deui. No tlp putrana: Jajang 
Koswara, no Hp: 085221360165. Abdi  kamari nelepon ka kasepuhan Wa 
Sas, bilih bade ka Sumedang sareng Mang JM. Bilih bade meser   
waditra nu mangtaun-taun janten saksi kahirupan ieu seni karuhun. 
Bade dilelang  kanggo biaya oprasi. Abdi mah, insya Allah dinten 
saptu bade ngalongok.
Baktos
Pun Usman . 

Kirim email ke