Wa Sidik & baraya Kusnet dimana we ayana* Teu aya makhluk nu sampurna. Nu teu leupas tina lepat & dosa. Sampurna mung kagungan Manten-na. Wilujeng Boboran Siam 1429H. Abdi neda dihaputen samudaya kalepatan. salam, ro2 nb : Hapunten, teu tiasa ngiringan HBH Margi aya kaperyogian kulawarga. Mugia sing lungsur-langsar acarana.
>>> [EMAIL PROTECTED] 09/26/08 08:30AM >>> Para wargi sadaya, wirehna mayunan Boboran Siam 1429 H, sim abdi sakulawargi ngahaturkeun : "WILUJENG BOBORAN SIAM 1429 H", neda dihapunten samudaya kalepatan, nu alit sareng nu ageungna, nu karaos sareng nu teu karaosna, disuhunkeun ridho galihna kersa ngahapunten ti dunya dumugi ka akherat. Sawangsulna bilih bae aya kalepatan atanapi kakhilapan para wargi ka sim abdi, kalayan ati nu wening, insya Allah sim abdi ngahapunten pisan dunya sareng akheratna, bersih teu aya geuneuk maleukmeuk, caang bulan opat welas. Mugi ibadah saum urang di tampi ku Allah SWT., Aminnnn..ya robbal alamiinn.. Pihatur, ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

