"Saestuna jalma-jalma nu kafir ka Allah jeung rosul-rosul-Na, jeung boga pamaksudan ngabedakeun antara Allah jeung rosul-rosul-Na, jeung nyarita :"Kami iman ka nu sawareh jeung kami kafir ka nu sawareh", jeung boga pamaksudan nyokot jalan tengah di antara eta (iman jeung kafir), maranehna jalma-jalma kafir anu sabenerna. Kami geus nyadiakeun keur jalma-jalma kafir siksaan anu hina: (An Nisa 150-151)
"Demi Rabb anjeun, maranehna teu iman nepi ka maranehna ngajadikeun anjeun hakim dina perkara anu di pasaliakeun, terus maranehna teu ngarasa wegah dina hatena kanu naon-naon anu geus anjeun tangtukeun, jeung maranehna Iman sagemblengna" (An Nisa 65) Syaikhul Islam Muhammad bin Abdil Wahab An Najdi nyarita: "Para ulama sakabehna geus sapuk yen mun hiji jalma narima Rosulullah Shallallahu'alaihi wassalam dina hiji perkara jeung nolak dina perkara nu lian, manehna kafir jeung teu kaasup Jalma Islam. Kitu oge mun manehna iman kana sawareh ayat-ayat Al Qur'an jeung ingkar kanu sawarehna deui saperti jalma nu nucapkeun syahadat tapi teu nganggap wajib shalat, atawa nu ngucapkeun syahadat jeung sok sholat tapi teu nganggap wajib zakat, atawa teu nganggap wajib puasa jeung haji" Satiap muslim wajib pikeun narima ka sakabeh anu geus diturunkeun ku Allah ngaliwatan Al Qur'an jeung Hadits bari teu ngabeda-bedakeun antara hiji hukum jeung hukum nu lianna. Singsaha anu ingkar tina hiji hukum anu geus diturunkeun ku Allah saestuna manehna geus kaasup kana golongan jalma kafir. Kaasup di antara golongan ieu nyaeta jalma-jalma anu NGAHALALKEUN naon-naon anu geus DIHARAMKEUN ku Allah subhanahu wa ta'ala atawa ngahalalkeun naon-naon anu geus diharamkeun ku Allah subhanahu wa ta'ala atawa nganggap teu nanaon mun ngarempak naon-naon anu geus diparentahkeun dina agama. "Teu kunanaon nginum bir lamun keur tiris mah, supaya haneut kana awak" "Teu kunanaon gapleh mun tarohanana leutikmah, lumayan supaya teu tunduh mun pas ngaronda" (Nginum Khamr jeung Judi haram - Al Ma'idah 90-91) "Teu kunanaon korupsi ari saeutikmah da ieu mah lain keur poya-poya ngan saukur keur barang dahar" (Korupsi hukumna sarua jeung maling anu geus jelas haramna) "Teu kunanaon nginjeum ka bank ari bungana leutik mah, nu haram mah nu bungana gede" (Renten geus diharamkeun - Al Baqarah 275-276, jalma nu mere, nu narima, nu nulisna dilaknat Allah - HR Muslim) "Naha kudu dilarang-larang sagala tibang ge awewe make tanktop, bujal jeung bujurna kamana-mana, teu kunanaon atuh. Jilbab teh pan teu wajib. Eta mah ngan saukur kabudayaan urang arab. Kabeneran urang arab mah nafsuna gede. Jadi mun awewe di arab teu make jilbab bahaya bisa diperkosa" (Nutup aurat dina Islam hukumna wajib - Al Ahzab 59 & An Nur 31) "Hukum pancung jeung hukum potong leungeun mah lain hukum urang Indonesia, teu cocok digunakeun dina jaman ayeuna. Jeung na deui ieu hukum teh ngalanggar HAM" "Sistem pamarentahan syariat Islam teu cocok pikeun nagara urang, nu cocok mah sistem demokrasi, komo ayeunamah geus loba partai Islam jeungna deui pan urang indonesia teu islam kabeh" (Wajib make hukum Allah - Al Maidah 44)

