Peuting tadi lalajo acara "Mata Rantai" ti stasiun ANTV. Nu ditayangkeun 
perkara pasantren di Yogyakarta. Teu aya nu istemewa sabenerna mah, lamun 
santrina nu biasa-biasa wae mah. Tapi ieu mah santrina waria wungkul, malah 
cenah kaasup kaum Gay jeung lesbi sagala. Aya komentar ti nu ngaku tokoh 
organisasi Islam, cenah pasantren model kieu,. teu meunang, sabab di Islam 
mah jenis kelamin teh ngan aya dua : Lalaki jeung awewe, teu aya nu 
ditengah-tengah. Ngan Pa Kyai nu boga pasantren boga pamandegan beda deui, 
ceuk anjeunna para waria ieu nu daratang ka anjeunna harayang aribadah jeung 
dialajar agama. " Piraku ku kuring dilarang?", cenah. Pokna teh satungtung 
teu dilarang ku nagara, pasantren ieu bakal terus ngadeg, moal 
ngareungeukeun komentar-komentar miring tinu sejen.

Loba waria nu tadina tukang ngulayab ti peuting di Yogya, jadi ararinsap, 
ngarasa "dijelemakeun". "Insap" lain hartina jadi lalaki tulen, tapi insap 
tina kalakuan kukulayaban di kota. Maranehna tarekun ngararaji di Pasantren. 
Para waria ieu lamun sholat, aya nu make sarung jeung kopeah .....tapi aya 
oge nu dimukena. Da cenah ceuk Pa Kyai   kumaha ngeunahna wae, ngeunah 
(nyaman) make mukena ...nya mangga, sanajan maranehna lahiriyah lalaki.

Leupas tinu pro & kontra soal pasantren ieu, tapi sigana pasantren ieu geus 
ngalaksanakeun hiji prinsip dina HAM : " Teu meunang ngalarang-larang jelema 
nu hayang ibadah" ......

Baktos,
WALUYA




 

Kirim email ke