--- On Sat, 10/4/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: cersil-1
To: [EMAIL PROTECTED]
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Date: Saturday, October 4, 2008, 8:36 AM
Eta jelema nu tiluan teh lain ngan ukur reureuh ngilangkeun kacape wungkul, 
tapi geus minggonan tetep caricing di imahna Empeh Lauw; maranehanan oge geus 
loba kawawuh urang dinya; malahan mah akhirna maranehna bisa meuli lahan di eta 
kampung ( Liao Tung tea ); terus we nyieun gedong nu sigrong, pang alusna we 
sakampung eta mah.
 
Ku sabab eta nu tiluan teh berehan jeung someah hade ka semah; sok tutulung ka 
nu butuh, tatalang ka mu susah, nya atuh eta nu tiluan teh dihormat pisan ku 
sarerea. Tapi ngaranna oge jelema sok keuna ku owah gingsir, kayaan maranehna 
kitu teh ngajadikeun niat jahat ka na hate nu boga maksud goreng di eta kampung 
dimana jelema eta teh boga sobat bangsaning nu baragajul jeung pamogoran di 
luar kampung eta.

Di na hiji peuting nu jemplang jempling, cek paribasana jarum rag rag oge 
kadenge, ku jempling2na; tah keur waktu kitu teh ting korosak sada aya sora 
jelema2 nu keketeyepan ngadeukeutan gedong sigrong tea; meureun aya belasan 
urang eta teh bari diberego ku balacu Hideung; kabehanana mawa pakarang 
lolobana mah bedog( golok? kang Sasmita ); saterusna mah eta belasan jelema teh 
geus ngepung gedong nu tilu jelema tea.
 
Salah sahiji nu make topeng nu dedeganan jangkung gede,ngetrokan panto mani 
tarok pisan bari jeung cocorowokan:"Buka siah, lamun teu ku aing bakal diduruk 
ieu imah teh siah!"
 
Tapi karek ge balem, ujug ujug belesat2 we aya nu ngabelesat mani 3 jelema  
mani karesit pisan, nu saterusna ngalabrak ka belasan jelema nu marake berego 
tea. Teu kudu nunggu waktu lila , ngan sakedet netra eta jelema nu belasan teh 
geus ngajaloprak teu walakaya. Ku kesit2na eta nu tiluan ; euweuh nu nyaho 
kumaha carana eta nu belasan jelema sakedet netra rarubuh !
 





.. 
  
 
 



      

Kirim email ke