heuheuheu... nuhun bah abbas tos ditranslate kana basa sunda,
raoseun maosna oge... di antos cersil sambunganana... :D


-panzi-

>
>
> --- On Sat, 10/4/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: cersil-1
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Cc: [EMAIL PROTECTED]
> Date: Saturday, October 4, 2008, 8:36 AM
> Eta jelema nu tiluan teh lain ngan ukur reureuh ngilangkeun kacape
> wungkul, tapi geus minggonan tetep caricing di imahna Empeh Lauw;
> maranehanan oge geus loba kawawuh urang dinya; malahan mah akhirna
> maranehna bisa meuli lahan di eta kampung ( Liao Tung tea ); terus we
> nyieun gedong nu sigrong, pang alusna we sakampung eta mah.
>  
> Ku sabab eta nu tiluan teh berehan jeung someah hade ka semah; sok
> tutulung ka nu butuh, tatalang ka mu susah, nya atuh eta nu tiluan teh
> dihormat pisan ku sarerea. Tapi ngaranna oge jelema sok keuna ku owah
> gingsir, kayaan maranehna kitu teh ngajadikeun niat jahat ka na hate nu
> boga maksud goreng di eta kampung dimana jelema eta teh boga sobat
> bangsaning nu baragajul jeung pamogoran di luar kampung eta.
>
> Di na hiji peuting nu jemplang jempling, cek paribasana jarum rag rag oge
> kadenge, ku jempling2na; tah keur waktu kitu teh ting korosak sada aya
> sora jelema2 nu keketeyepan ngadeukeutan gedong sigrong tea; meureun aya
> belasan urang eta teh bari diberego ku balacu Hideung; kabehanana mawa
> pakarang lolobana mah bedog( golok? kang Sasmita ); saterusna mah eta
> belasan jelema teh geus ngepung gedong nu tilu jelema tea.
>  
> Salah sahiji nu make topeng nu dedeganan jangkung gede,ngetrokan panto
> mani tarok pisan bari jeung cocorowokan:"Buka siah, lamun teu ku aing
> bakal diduruk ieu imah teh siah!"
>  
> Tapi karek ge balem, ujug ujug belesat2 we aya nu ngabelesat mani 3
> jelema  mani karesit pisan, nu saterusna ngalabrak ka belasan jelema nu
> marake berego tea. Teu kudu nunggu waktu lila , ngan sakedet netra eta
> jelema nu belasan teh geus ngajaloprak teu walakaya. Ku kesit2na eta nu
> tiluan ; euweuh nu nyaho kumaha carana eta nu belasan jelema sakedet netra
> rarubuh !
>  
>
>
>
>

Kirim email ke