Ayeuna mah loba pisan jelema guminter; jeung loba oge nu pinter kabalinger Ieu jelema nu kieu sok ngarugikeun jalma rea bari teu ngarasa salah; malahan mah reueus we nu aya ; da lain asa jahat, tapi asa geus jadi jelema pinter minteran nu sejen nu dianggap barodo. Jadi lain ngajar batur supaya pinter, tapi malahan kahayangna mah batur mah tetap bodo supaya bisa dibobodo ku maranehanana pikeun kauntungan pribadina nu pinter kabalingr tea. Maranehanana ngaharep batur jalujur; lantaran cek tekad maranehna jujur teh hartina = bodo tea. Mun maranehanana bisa ngabodokeun batur, manehanana reueus sabab cek dina pamikirna eta mah lain ngabobodo batur, komo nipu mah; eta mah bongan atuh batur make BODO? cenah, jadi asa teu boga dosa ngabobodo nu bodo mah! Kitu pamikirna. Jadi lain dipapatahan batur nu bodo teh supaya pinter malah mah dimangpaatkeun keur kapentingan dirina jeung baturna! Naon akibatna? Mun nu loba teh jelema guminter jeun pinter kabalinger tea, maka engkena teh sagala halal tea! Nipu teh teu dianggap nipu; eta mah da bongan salah batur cenah naha atuh make bodo !!! Akibat nu leuwih jauh, nya eta morosotna kapercayaan hiji jalma ka jalma nu sejenna deui ! Tah lamun geus kieu moal aya, atawa hese disebut IKHLAS teh, komo samiuk sagulung mah ngahiji! Ah jajauheun we; jelema teh pahare hare; bari jeung silih cangcaya tea ! Tah ieu teh hasil ti na guminter jeung pinter kabalinger tea.

