Wilujeng Boboran Siam 1429 ka sadaya wargi urang sunda, hapunten samudaya 
kalepatan aki tams, lami teu ulubiung di ieu milis; saleresna ari noongan mah 
tara kalangkung teuing. Perkawia beas, atanapi hasil tatanen sejena, kangge 
ngukur cekap atanapi henteuna, gampil, uninga bae hasil tatanen naon anu masih 
diimpor? Eta tandaning teu cekap, atanapi langkung mirah ngagaleuh tibatan 
melak nyalira. Kiwari mah memang urang kedah motekarkeun nyalira potensi anu 
aya di urang, soksanaos eta mirah ngagaleuh ti batur. Masalahna ari meser teh 
peryogi devisa, anu kadang2 ngaronjat teu pupuguh di nagara urang teu hujan teu 
angin; sapertos kuayana krisis global finansial, teu pupuguh devisa urang jadi 
kurang , hutang oge jadi ujug2 ngagedean, lantara krisis tea. Tong salempang 
upami hasil tatanen urang dina mangsa usum panen jadi leuwih tina kabutuhan, 
sabab urang kedah tangen2 saha anu uninga bakal keuna ku pangaruh global 
warmming tea. Teu tiasa diduga-duga
 kiwari mah, tiasa bae hujan ngaleungit, taneuh jadi hese dipiara. Kaleuwihan 
mah gampang diolah janten bahan kadaharan sarupaning mie, mihun, srrd. Hanjelu 
oge upami usaha dina ngaronjatkeun hasil tatanen urang make "nguyang" ka batur, 
padahal patani urang oge ari dioptimalkeun mah, piraku teu tiasa. Da batur oge 
teu samata-mata daek lamun teu kairong mah? Sakieu anu kapihatur, aki 
tams.                 

--- On Sat, 10/11/08, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] TATANEN - Nguyang ka Vietnam?...robah mindset
To: [email protected], "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]>, [EMAIL PROTECTED]
Date: Saturday, October 11, 2008, 1:53 AM

Nuhun Kang Yani kana guaranana.
Cing urang noong, sugan aya baraya nu ulukutek dina urusan beas, ari
produksi beas urang tos cukup teu keur maraban jalma di ieu nagri?
Atuh paling hemteu ngamotekarkeun produksi beas teh keur jero nagara
we heula.

Mangga geura pedar baraya.

Salam,
mh

On Sat, Oct 11, 2008 at 3:34 PM, MRachmat Rawyani
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Cara berpikir urang kedah dirobah (mindset). Tong serab ku kamajuan
vietnam
> dina perkara tatanen, khususna pare. Sabab pasualan klasik anu bakal
> karandapan, lamun pare surplus, rek dikamanakeun eta pare teh. Dijual ka
> nagri deungeun? saha nu rek meulina? Da masing-masing nagara pasti aya
> proteksina, pikeun melindungi produksi dalam negrina.
> Jepang sok sanajan dahar sangu, tetep ngaprioritaskeun meuli hasil
produksi
> patani Jepang, sok sanajan harga beasna manglipet-lipet tibatan harga beas
> ti Indonesia atawa Thailand.
> Jadi hiji mangsa kabutuhan kana beas sa dunya pasti aya
"jenuhna". Mun tos
> kitu, rek dikamanakeun eta beas?
> Jadi, upama urang rek bersaing di tingkat global, nya kedah nyieun hiji
> produk/jasa unggulan anu aya "nilai lebih"na, anu sakirana
heunteu
> diproduksi ku nagri sejen."Mindset" siga kieu, anu kedah jadi
cepengan urang
> ayeuna.
> (kenging "mulungan" ti ceramahna Pa Hibibie, taun 1993).
>
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
> --- On Sat, 10/11/08, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] TATANEN - Nguyang ka Vietnam?
> To: [email protected], "kisunda"
<[EMAIL PROTECTED]>,
> [EMAIL PROTECTED]
> Date: Saturday, October 11, 2008, 2:31 PM
>
> Hehehe, nuhun Kang Dadang pedaranana.
>
> Sim uing jadi leneng yeuh. Cenah bangsa uing teh bangsa pelaut, tapi
> hese tuang lauk.
> Cenah urang Sunda teh turunan jagoan ngahuma, tapi huma teu dimotekarkeun.
> Geuning ladang ngahuma teh batur mah nya ngahasilkeun kentang,
> ngahasilkeun gandum. Urang sapopoe diparaban mie instant sareng KFC,
> McD, jeung sajabana.
>
> Cing Kang Dadang oge baraya sanesna, geura guar kumaha potensi HUMA,
> naha tiasa kitu
> dikembangkeun pikeun maraban urang Sunda?
>
> salam,
> mh
>
>
> 

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links






      

Kirim email ke