Make Pikir Batan Nekad
Kuring
lalaki lalanang jagad,
tapi kuring
leuwih make piker batan nekad,
sabab mun teu
tarapti nyawa leupas tina waragad,
estuning lengkah
anu dicawad.
Ulah
ngarasa geus seubeuh pangalaman ngalalana,
sabab umur
anjeun teu sapira,
kuring oge nu
hirup leuwih lila,
tetep nuturkeun
nu ngatur carita.

