Geura Pikiran Terus Jieun

 

Tatar
     sunda unggal poe kasorot sarangenge unggal poena,

kunaon teu
mikiran ngarah jadi tanaga ngagantikeun nu ayeuna,

geura pikiran da
anjeun ge sarua manusa,

jieun cara
ngamangpaatkeuna. 

 

Ulah ngangluh
teu boga elmuna,

ulah ngangluh
teu boga modalna,

nu jelas mah
euweuh kahayangna,

anggur pake nu
anjeun boga. 

 

Jieun tempat
narima jeung nyimpen tanaga sarangenge,

jieun tempat
jang ngarobah tanaga sarangenge,

jang nyimpena
jieun oge.

 

Kari
     neangan bahan nu bisa nyimpen panas,

kurung dihiji
ruangan,

jieun alat nu
gancang muter ku panas,

jadikeun tanaga
listrik nu bisa mangpaat

 

Neangan
     bahan nu gancang nyimpen panas,

jadikeun bahan
jang nutup luarna imah,

mun teu percaya
naek we anjeun ka para imah,

didinya ngulibek
hawa panas,

hartina anjeun
loba miceun hawa panas,

padahal bisa
mangpaat jang sapopoe di imah. 

 

Sarangenge teu
jiga minyak tangah,

moal beak nepi
ka kiamah.

 

Jieun
     jang nutup saawak-awak tutumpakan anjeun,

jieun jang
muterkeun mesin tutumpakan anjeun,

istuning tanaga
nu mangpaat jang anjeun,

geura pikiran ku
anjeun. 

 

Ulah
     nungguan bangsa sejen nimukeun tiheula,

ulah nungguan
bangsa sejen manggihan tiheula,

ulah ukur
nungguan dimodalan heula,

ulah nungguan
ngajagrag heula.

 

Ulah
     ukur hayang dihuapan,

ulah ukur hayang
diasongan,

ulah ukur hayang
disadiaan,

ulah jiga si
kabayan. 

 

 

Mun teu
diteangan moal manggihan,

mun teu
diikhtiaran moal kabagean,

mun teu
dikorehan moal karandapan. 

Geura hudang
bangsa si kabayan. 






      

Kirim email ke