--- On Sun, 10/5/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: silat-4
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Sunday, October 5, 2008, 3:25 AM







"Hahahaha, euy mun hasil; eta budak awewe teh urang pake heula ku urang euy, 
digilir weee, hahahaha!” Cek si Pecak Kim Moo Hoo. 
Maranehna geus mupakat yen ata budak awewe teh bakal dijadikeun kembang Losmen; 
tapi maranehanan teu mupakat di na hal bebeja heula ka Si Tilu Dewa mah. 
Cek nu sawareh kudu bebeja heula ka Tilu Dewa, bisi aya naon2 di akhir 
balakangkalih, cenah; tapi cek sawareh deui ah tong ngaganggu ka Juragan soal 
nu kieu2 wae mah; Cuup we laporan mah ka Si Lima Jagoan Andelan. Demi nu 
disebut 5 Jago Andelan teh nya eta Jago2 Silat nu kakara diangkat ku Tilu Dewa 
maranehna datang beda2 asal usulna jeung waktuna beda; maranehanan bisa 
dielehkeun ku Tilu Dewa nfpi ka daek jadi bawahan Si Tilu Dewa. Ku sabab memang 
nu 5 teh kaasup jago Silat nu hebat oge nya dijadikeun andelan pisan ku Tiga 
Dewa teh. Si Tilu Dewa beuki kuat we posisina di eta kota teh. 
Lima jago Andelan teh nya eta : 1.Goan Hok si Geledeg Beusi; pakarangna 
badringan nu ditungtungna dipasang pelor beusi sagede peureup; dimana ku eta 
pakarang teh loba pisan Jago Kang Ouw roboh ku manehna teh 2. Boen Tiong Si 
Tapak Pasir Beusi  3. Kim Peng si Pedang Kilat  4. Loa Kok si Ramo Beusi  5. 
Bong Teng si Jago maledog ku  peso 
  
Saperti biasana si eneng she Su isuk keneh teh sok dahar heula samemeh indit2an 
piknik teh; tah si eneng teh harita oge teu luak lieu terus jeung pangiringna 
dalahar; padahal ti barang bus karestoran oge , mata nu carunihin pangawal 
kaamanan didinya mani ting parolotot nenjo si mojang teh. Harita teh aya Hiji 
Sastrawan keur dahar oge; panonna ngareret ka si Eneng Su jeung ka jaga 
kakamanan; keur kitu panonna padu jeung jelema Baju hejo nu diukna 5 meja ti 
eta budak sakola; si baju hejo teh umurna kira kira 40 taunan; rada kalamas 
kelemes ieu si budak sakola teh lantaran asa disangka budak bangor ngareretan 
ka Neng SU; tapi sajeroning ngalengos kitu manehanan rada asa asa ka si Baju 
Hejo teh; asa geus panggih , tapi dimana cenah ? Si Baju Hejo nu umur 40an teh 
kaciri masih gagah jeung boga sima matak ngageter ka na hate. 
Keur kitu jol we hiji jelema bosongot jangkung gede, bari ngagebrak meja 
manehna pesen arak; gancang we tukang ngalayanan datang mawa arak; teu tata 
pasini deui leguk2 wae arak teh diinum, ditotor ti na botolna pisan; geus kitu 
manehanan ngomong noroweco bari rehe, panonna melong ka Eneng Su nu teu jauh ti 
na tempatna diuk. Geus kitu teh ujug cengkat ti na diukna terus nyampeurkeun 
meja Eneng Su baru cungar cengir pikageuleuheun ; dua pangiring Eneng Su geus 
taki taki bisi eta jelema teh rek ngaganggu ka si Eneng; tapi titukangeun 
datang dua jelema bari ngajambret jeung nyentak ka si jangkung gede:" Heh 
monyet ! ti mana sia teh hah ? Datang2 ngaganggu didieu ?" Can oge Si Jangkung 
gede ngomong, jelebot2 we ditinggangan ku deta dua kaamanan nepi ka eta si 
jangkung gede teh nangkarak bengkang harita keneh ; terus wae digalusur ku anak 
buah kaamanan di dinya. sdengkeun nu duaan tadi nya eta Si Kim Moo Hoo jeung 
Hoa Seng ngadeukeutan ka meja Si Eneng, terus
 dapa depe ngahormat :Duh punten we Eneng tadi aya gangguan panginten tuangna 
kaganggu nya?"




      

Kirim email ke