ayeuna keur usum bisnis tentara, tni diberesan, make UU sagala. tapi cenah
teu kabeh bisnis tni baris diserahkeun ka nagara, sabab ari koperasi kitu
mah hade pikeun ekonomi prajurit pangkat handap.

bisnis tni ti jaman awal orba geus siga konglomerat oge. ciri pausahaan nu
tangtara, dina ngarana aya tanda2 katangtaraan. cara kartika (bentang,
lambang AD) cara hotel kartika chandra (?), atawa yuda (perang). cara bank
yudha bhakti, oge bhayangkara.

cenah mah makro oge sahamna sawareh nu bogana tni oge. dibeberes dina
raraga reformasi tni. sangkan profesional, ngan kabagian ngurus keutuhan
nkri ti musuh luar utamana, lain mikiran ekonomi. nya meureun ari soal
jenderal pangsiun jadi komisaris pausahaan mah kaci.

saha ketua panitia memeres bisnis tni? kang Erry Riyana Hardjapamekas.

mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com



Kirim email ke