nya atuh mangga teh teuing ngingu hp rek sapuluh oge. da meureun baroga alesan masing-masing. jeung hp mah asana teu matak sirik tatangga atawa menimbulkan kecemburuan sosial. komo di kota.
ngan eta we kacirina asa nu ripuh pisan. heuheu. tapi mangga teh teuing eta mah urusan masing-masing. si kuring boga hape ti taun 1997. keur anyar keneh usum. keur can aya hp isi ulang pulsa. keur kartuna nu diasupkeun ka hapena. hehe. hapena siga pisan batu asahana. maksakeun sabab masang telepon di imah kudu nunggu satengah taunan. angger hiji hpna oge nomerna, sanajan geus ganti sababaraha kali, bari teu unggal taun da make prinsip mun bisa mah pikeun salamina. tapi sabab barang jieunan jelema, nya nepi ka sarusakna. heuheu. mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com

