tadi milu ngalayad calon mamang si andiw chinook. Pak Asghar Roosadi, alumnus Elektro itb. pupusna di batam da nyepeng kalungguhan GM pt teac indonesia. di makamkeun di cikutra, sanajan UJ, tapi istrina urang bandung jeung hayang dimakamkeun di bdg. tpu cikutra teu rata siga tmp cikutra. tapi nanjak da pasir.
basa turun aya hiji makam dipager jangkung make prasasti tina marmer gigireun panto beusina make gambar angklung. panasaran.disampeurkeun. beu. handapeun gambar angklung aya tulisan gede, DAENG SUTIGNA BAPAK ANGKLUNG taun wedal+taun pupus beu. ieu gening makam tokoh angklung modern teh. nu nyiptakeun angklung nada diatonis tea, nu make tangga nada do re mi fa so la si do. da samemehna mah angklung ngan dina pentatonis, da mi na ti la da tea. rada lila ngajentul hareupeun pager makam DS teh. pikiran duka teuing ka mana. karek sadar deui basa digarewahkeun ku indung budak. duaan terus mudun, muru jalan gede ka tempat parkir. mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com

