Wilujeng ka Kang Jaja anu tos gaduh cita-cita nu luhur.
Ngan kade, tong luhur teuing. Bisi ragrag.
Sabab, beuki luhur urang boga kahayang, beuki gede cocoba jeung
gogodana. Beuki luhur tatangkalan, beuki gede angin nu 
ngoyag-ngoyagna.
Kitu pan ?

Punten... ieu ge sanes mapatahan nodong ka garong..
sanes ! Demi Alloh.. !

Sok lah direjeng, eh di rojong..
Tapi peupeujeuh...
mun tos jadi anggota DPR, mun keur sidang tong ngorong nya !
komo dilodetkeun kana handapeun meja mah...
hi hi

-Jay-

--- In [email protected], Suryana Rahayu <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Aya ku kayungyun eta kang Irpan...panuju abdimah kana cariosan kang
Irpan....memang sakedahna kitu...nu jadi pamingpin teh saenyanamah
badega pikeun nu dipingpina (rahayat tea) nu geus mercayakeun
kalungguhan ka jalma nu dipercayana. Matak ulah wani-wani codeka kana
eta amanat sabab tanggungjawabna Dunya lan Akherat.........
> 
> Aduh punten yeuh janten mapatahan ngojay ka meri...ampun paralun ah
simkuring mah mung saukur ngemutan...moal nanaon kitu?
> 
> --- On Thu, 10/16/08, Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> From: Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: RE: [Urang Sunda] Waktosna urang sunda bangkit - harudang
> To: [email protected]
> Date: Thursday, October 16, 2008, 11:43 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>     
>             
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Hahahaha 
> 
>    
> 
>    
> 
> -----Original Message-----
> 
> From: Irpan Rispandi [mailto:mr.rispandi @gmail.com]
> 
> 
> Sent: Friday, October 17, 2008
> 10:29 AM
> 
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> 
> Subject: Re: [Urang Sunda]
> Waktosna urang sunda bangkit - harudang
> 
>    
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Haturan Mang Jaja, kumaha damang?
> 
> 
> 
> Mang Jaja boga pembantu kan di imah?
> 
> eta pembantu teh digajihna ku saha?
> 
> ku mang jaja kan nya?
> 
> 
> 
> berarti lamun aya jalma anu di gajih ku jalma sejen, manehna teh 
> 
> ngadunungan ka anu ngagajihna.
> 
> bener?
> 
> Ngaran-ngaran ngadunungan, kudu digawe anu hade. bener?
> 
> lamun teu hade moal kapake ku dunungan. bener?
> 
> nu matak pembantu teh kudu hade digawena, kudu handap asor, sabab
rumasa 
> 
> ngabadega. bener?
> 
> 
> 
> di imah "Indonesia" nu boga imah na ngarana "Rakyat
> Indonesia".
> 
> di imah "indonesia" boga pembantu loba, bagian presiden, bagian DPR, 
> 
> bagian Pajeg, bagian Satpam (TNI jeung polri), dsb.
> 
> eta sakabeh pembantu teh digajih ku nuboga imah, nyatana "Rakyat
> Indonesia".
> 
> 
> 
> tah lamun si Mang Jaja arek ngabadega ka kuring (kuring oge rakyat 
> 
> Indonesia).
> 
> Omat, omat, omat, kudu jadi pembantu anu hade gawe nya.
> 
> ulah sok cilimit.
> 
> bisi katulah.
> 
> OK ?
> 
> 
> 
> (cikan hayang nyaho, mang jaja bakal ambek moal disebut "rek
> ngabadega" 
> 
> ku kuring he..he..he.. .)
> 
> 
> 
> jaja wrote:
> 
> >
> 
> > Punten sakalian sosialisasi ....
> 
> >
> 
> >
> 
> > Alhamdulillah, abdi sementawis tos kadaftar di DCS kanggo ngawakilan 
> 
> > dapil Jabar-9 (SMS) ti PMB ) Partai Matahari Bangsa No 18) . Abdi 
> 
> > caleg nomor 1. Dihandap ieu torehan hate jeung dorongan sumanget abdi.
> 
> >
> 
> >
> 
> > Visi atanapi cita-cita kang Jaja nyaleg DPR RI teh nyaeta : hoyong 
> 
> > ngabangkitkeun jeung majukeun tatar pasundan, tujuanana kanggo 
> 
> > kajayaan tarar Pasundan keur ngarojong kamajuan nagara Indonesia.
> 
> >
> 
> >
> 
> > Dorongan nyaleg DPR RI :
> 
> >
> 
> > 1. Aya wangsit ti karajaan Pajajaran nu kalintang kawentarna, raja
> 
> > na garagah, katut linuhung ku elmu, jeung nyaah ka rahayatna.
> 
> > Tah dugi ka ayeuna saparantos Indonesia merdeka, teu acan muncul
> 
> > calon-calon pamimpin ti tatar pasundan. Kukituna ayeuna tos
> 
> > waktosnya urang sunda harudang, bangkit deui kanggo ngiringan
> 
> > ngeheuyeuk dayeuh ngolah nagara.
> 
> > 2. Kaprihatinan abdi, yen dugi ka danget ayeuna di DPR RI, wilayah
> 
> > tatar pasundan seuseueurna mah diwakilan sanes ku urang sunda.
> 
> > Ayeuna pisan waktosna, kanggo ngawitan tatar pasundan kudu
> 
> > diwakilan ku urang sunda deui.
> 
> > 3. Kang Jaja nu kalahiran Sumedang gaduh kasempetan kanggo tarung
> 
> > di kancah politik, kanggo ngawakilan wilayah Sumedang,
> 
> > Majalangka, jeung Subang di DPR RI dina Pamilu 2009.
> 
> >
> 
> > Janten anggota DPR lain keur saukur ngahontal kahormatan atanapi ngan 
> 
> > saukur ngajabat. Namung nu langkung utama, janten anggota DPR teh 
> 
> > nyaeta kanggo pangabdian ka nagara jeung wilayah pamilihan.
> 
> >
> 
> >
> 
> > Abdi ngajak ka sadaya urang Sumedang jeung wilayah Majalengka katut 
> 
> > Subang, hayu urang hijikeun patekadan, kanggo majukeun Sumedang jeung 
> 
> > wilayah sabudeureunana, kanggo ngabangkitkeun tatar Pasundan jeung 
> 
> > mangsa kahareun barudak urang.
> 
> >
> 
> >
> 
> > Sok, para tokoh atanapi inohong ti pasundan teh tos waktosna kudu 
> 
> > harudang. Tunjukeun, urang sunda teh mampu kalayan gede kawani kanggo 
> 
> > ilu biung ngolah nagara.
> 
> >
> 
> >
> 
> > Urang Sumedang kedah gaduh wakil di DPR RI. Urang Majalengka kedah 
> 
> > gaduh wakil di DPR RI. Urang Subang kedah gaduh wakil di DPR RI.
Urang 
> 
> > sunda kudu loba nu jadi wakil tatar Pasundan di DPR RI jeung jadi 
> 
> > pamimpin di nagara Indonesia. Kade teu kengin ngan saukur milih, tapi 
> 
> > urang sunda kedah ngabentuk jeung ngabogaan wakil sorangan. Margi ari 
> 
> > ngarana wakilmah pasti bakal merhatoskeun nu diwakilanana.
> 
> >
> 
> >
> 
> > Hayu hijikeun patekadan, kanggo majukeun jeung kajayaan tatar
Pasundan 
> 
> > , kade tong salah milih wakil, kudu sidik jeung apal saha wae nu 
> 
> > pantes ngawakilan tatar Pasundan di DPR RI. Mangkahade tong salah 
> 
> > pilih atawa asal pilih, atawa kabalinger ku serabna harta, lantaran 
> 
> > bakal kaduhungna panjang 5 tahun ka hareup.
> 
> >
> 
> >
> 
> > Hayu urang hijikan patekadan jeung kakuatan urang sadaya ti wadah
naon 
> 
> > wae : nu ngamumule budaya jeung seni sunda, menak jeung inohong 
> 
> > Sumedang, wadah olah raga, patani, padagang, guru, pagaew negeri, 
> 
> > jeung sajabana.
> 
> >
> 
> > Kamajuan tatar Pasundan ngan bisa dilakukeun ku urang sunda deui.
> 
> >
> 
> >
> 
> > *Jaja Triharja ST, M.E.I (Kang Jaja)*
> 
> >
> 
> > *Caleg DPR RI Dapil Jabar-9 (Sumedang-Majalangk a-Subang) *
> 
> >
> 
> > *Kalahiran : Sumedang 6 Januari 1966, dinten Kemis*
> 
> >
> 
> > *Jaja Triharja Center- JTC : www.jajatriharja. com*
> 
> >
> 
> > *Gerakan kabangkitan Pasundan : www.gerbangpasundan .com
> 
> > *
> 
> >
> 
> >
> 
> >  
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>       
> 
> 
> 
>       
> 
>     
>     
>       
>        
>       
>       
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>       
> 
> 
>       
>       
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com
>


Kirim email ke