hahaha alus pisan, jadi ka suat-suat teu bisa asup akabri  sedihh deh da
harita mah nu payu  teh teknik militer sanes teknik sipil
eta teh top gun nganggo kapal F14 tomcat sanet F16
sakantenan gentos namina jadi Ro-ro Rogers keun nu itu jadi Mimi rohmah


On Fri, Oct 17, 2008 at 3:23 PM, roro_rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Duh, ari nyabit-nyabit Tom Cruise teh sok kasuat-suat…
>
> Awakna kaitung pendek mun dibandingkeun jeung babaturanana, da
> jangkungna ge pas-pasan keur tukang nyupiran kapal ngapung mah.
> Lamun ningali Jang Entom teh kuring mani sok hokcay. Turun tina F16
> (harita mah, can usum Sukhoi), leumpangna tegep, ngelek helm, make
> overall oranyeu (omat, ieu mah lain seragam tukang parkir nya…)
> irung bangir, rambut cepak, biwir ambucuy, aya kempot na pipina.
> Baris opatan jeung babaturanana, gagah kacida.
>
> Hiji poe, kuring beres nga-instruktur-an kelas Jang Entom, manehna
> ngadeukeutan ka kuring. Nyebut Ujang soteh pedah we manehna murid
> kuring. Tadinamah tengsin boga kabogoh ka murid, pedah umur kuring
> ngan beda saetik jeung manehna, jadi jiga sawawa. Mun kabeneran keur
> di kelas, Jang Entom jiga nu bener-bener merhatikeun ka materi nu
> dibikeun ku kuring. Panonna sok neuteup anteb, tapi lila-lila aya
> imut nu ngandung harti…ehm…matak ratug jajantung. Tapi kumaha deui?
> Da kuring ge bogoh …
>
> "Neng Odah, ka Pangandaran yuuuuk… isukan Akang (keukeuh nga-Akang-
> keun) teu aya jadwal latihan ngapung"
> "Okay, Let. Inget, ieu di kelas keneh…!" ceuk kuring jaim, bari
> panon culang-cileung da bisi katohyan ku batur.
>
> Jang Entom nyampeur kuring ka mess, make motorna, Ducateuing.
> Disidik-sidik teh beuki kasep bae Jang Entom, komo tara leupas tina
> kaca panon hideung, teuing sieun serab & kapireupeunan… atawa keur
> belekan. Katambah ayeuna make jaket kulit hideung (siganamah buatan
> Garut da bau domba keneh…).
>
> Watching every motion
> In my foolish lover's game
> On this endless ocean
> Finally lovers know no shame
> Turning and returning
> To some secret place inside
> Watching in slow motion
> As you turn around and say
>
> Take my breath away
> Take my breath away….
>
> Kuring & Jang Entom nyemprung ka arah Pangandaran. Bari ngadengekeun
> lagu Take my breath away tina iPod. Kuring tinangkod-nangkod we, da
> Jang Entom ngebut, sieun labuh. Tiris ongkoh. Eh, kasempetan ketang…
> iraha deui?
>
> Wanci pabuburit, anjog ka Pangandaran. Milihan tempat nu rada
> ngeunaheun. Asyik diuk paduduan di sisi basisir bari ngadengekeun
> lagu Doel Sumbang…
>
> Harita basa usum halodo panjang
> Calik paduduaan
> Dina samak salambar
> Hmmm.. saksina bulan anu sapotong
> Hmmm.. saksina bentang anu baranang
>
> Aya kasono aya katresna
> Aya kadeudeuh aya kanyaah
> Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
> Aya kasono aya katresna
> Aya kadeudeuh aya kanyaah
> Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
> Sisi laut Pangandaran?
>
> Tina ati pada pada kedal jangji
> Urang silih asuh silih asih silih jadi
> Deg ngadegkeun arti asih saenyana
> Deg ngadegkeun arti deudeuh saenyana
> Ulah dugika rasa katresna
> Kerep ngagedur ukur amarah
> Nu balukarna nuntun kana jalan salah
> Sisi laut Pangandaran?
>
> Reup dicanggreud hate geus pageuh kabeungkeut
> Sisi laut Pangandaran?
> Reup dicangkrem beuki rapet beuki deudeuh
> Sisi laut Pangandaran?..
>
> Jang Entom mimiti nguniang… nu tadina pagigir-gigir jadi malik
> nyanghareup ka kuring…
> Neuteup anteb… nyekelan leungeun… diusap…
> Beuki lila beuki ngalegaan wewengkon nu di usapna…
> Beuki tarik…
> Kuring ngan bisa nyebut… ngaran manehna...
> Beuki tarik… tapi semu digugunyeng?!
>
> "Odah!!! Ieuh, hudang geus beurang! Ngan Entam-Entom we! Tuh, geus
> ngaliwat si Entom tukang sayur mah!" Ema, ngagareuwahkeun kuring nu
> keur nikmat ngimpi dina pelem Top Gun.
>
> ro2
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>,
> "Kumincir Wikidisastra"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > ah atuh cobi we Googling nganggo *keyword* 'Tom Cruise'. Tah eta
> teh poto
> > abdi baheula, samemeh operasi palastik...
> >
> > On Fri, Oct 17, 2008 at 7:32 AM, Heryadi, Eddy wrote:
> >
> > > Cik tembongkeun atuh fotona kang keur bukti yen akang teh
> kasep.
> > > Bisi weh teu aya nu terangeun akang teh kasep...
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke