Punten, Sanes bade agul ku payung butut,
Terus terang ari simkuring mah micinta ka basa sunda teh.
Sanaos kuring di nagri deungeun, tapi ari bahasa di bumi mah tetep wae nagnggo 
basa sunda, margi pun bojo oge asli sunda heheh...
Atuh budak oge sacara otomatis (naon nya basa sunda na otomatis??), janten 
tiasa basa sunda. 
Logat jeung dialekna oge nurutan sunda padahal nembe yuswa 4 taun. Pamikir 
kuring teh, di imah mah cukup ku basa sunda, keun wae ah da ari basa melayu 
jeung basa inggris mah disakola di ajar.
Kana wayang (khususna nu didalangan ku Asep Sunanda) karesepna, gogonjakan nu 
sejen na si Pohang oge tara katinggaleun di setel ku pun anak. NEpi ka ka VCD 
na geus sering jem (naon sunda na?) oge. Ari geus nyetel si Pohang teh, Meni 
sok ngehkey...seuri...komo palebah keur ngahaleuang mah....
Nanging dasar budak teu tiasa nyaringna, mana nu kasar atawa nu lemes, anggapan 
budak sarua wae. Komo dina gogonjakan si cepot mah seueur pisan nu kasar na.
Dina hiji waktos basa keur "open house" di imah babaturan. mun di urang mah 
"halal bihalal" saentos lebaran meureun...
Kabeneran sendal pasolengkrah diluar imah.
Na ari celengkeung teh eta budak ngomong meni tarik pisan. "Anti (=bibi, da di 
malaya mah So englis pisan), cokornya jangan nginjek sendal na (Hana) lah...".
Babaturan kuring nu urang malaya, nanya ka kuring bari seuri, "cakap ape tuh 
budak awak?"
(Ari budak mah sarua jeung bahasa urang)
Kuring jadi hayang seuri "Dia cakap, awak jangan injak selipar Hana"
Haruh!
JAdi ruksak tah bahasa budak, sigana lieur ngabedakeun mana nu lemes, mana nu 
kasar. Mana bahasa malaya, mana basa indonesia, mana bahasa sunda mana bahasa 
inggris....
Sabab di imah bahasa Sunda kadang basa indonesia, indit ka sakola bahasa melayu 
jeung inggris.
Beu..!....campur aduk..!
 
Wassalam
Abu Hana

--- On Sun, 10/19/08, abdul Hakim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: abdul Hakim <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] (unknown)
To: [email protected]
Date: Sunday, October 19, 2008, 3:22 AM








kacarita kang jajang nu geus 7 taun hirup ngumbara ka jakarta, memang balik teh 
loba dunya katingalina mah, eta we geura mobilna herang (teung mun rental mah, 
he he) ngan eta we nu hanjakal teh, ari ngomong mani jakarta pisan. (oke,  gila 
bener, saya mah_tetep we make mah.).
boga buda 3-4 taunan lalaki keur meumeujeuhna kumelencir, teu daek cicing 
ngarana budi,
"bud awas kamu jangan main ke situ nanti jatuh" ceuk kang jajang.
"eta mah si budi anak saya teh mungkin karena anak hiji-hijina ga bisa di 
bilangin", pok na teh deui
"budi sini sayang jangan main ke kebun nanti kotor"
"udah main PS aja di dalam"
ari pek teh si budi labuh kana susukan
kang jajang ..."ceuk aing ge!".....
 
 
(



Recent Activity


 22
New Members

 2
New FilesVisit Your Group 


New web site?
Drive traffic now.
Get your business
on Yahoo! search.

Y! Messenger
Quick file sharing
Send up to 1GB of
files in an IM.

All-Bran
Day 10 Club
on Yahoo! Groups
Feel better with fiber.
. 
 













__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke