Abdi Nyaah Ka Aranjeuna
Nun
gusti paparin abdi waktos,
supados abdi
tiasa ka sepuh babaktos,
ulah heula
abdi kapegat ku waktos,
gusti abdi
ngajerit dina harewos.
Abdi nyaah ka
aranjeuna,
abdi kerep
nyegruk emut kana panyawat aranjeuna,
abdi nyeri teu
tiasa ngabantos aranjeuna,
naon wae
saratna mangga kanggo ngabagjakeun aranjeuna.
Nun Gusti Nu
Maha Asih,
paparin
aranjeuna welas asih,
sapertos
aranjeuna masihan abdi welas asih,
ku gusti
jantenkeun aranjeuna kakasih.
Anging
gusti nu tiasa ngodok jero hate abdi,
anging gusti
nu uninga naon nu ngajerit dina ati,
wios
katingalna abdi sapertos teu gumati,
gusti terang
unggal waktos abdi nahan kanyeri.
Gusti abdi
nyeri,
nyeri dina
jerona ati,
abdi hoyong nu
karaos ieu dugi,
dugi ka aranjeuna nu dipikanyaah pisan ku abdi.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com