Beak Dengkak Neangan Bagja
Hiji
poe kuring anteng mencrong hiji lalakon manusa sangsara dina kanyataan,
hirup di imah
nu euweuh lalangit jeung kentengan,
euweuh panto
jeung jandelaan,
nu cenah
baheulana mah ayaan.
Ngan kaburu
dibuburak ku ponggawa karajaan,
raja anu
ayeuna oge ngawasa rahayat pasundan,
anu cenah
jangji mikaasih nu enyaan,
jangji dimurah
mareh jang meunang kakawasaan,jeung kabeungharan.
Geus euweuh
rasa,
geus teu make
rasa,
nu penting
tetep kawasa,
kajeun batur
sangsara.
Nini-nini teu
dulur teu baraya,
geus teu
dipalire ku sasaha,
geus beak
dengkak menta ka Nu Kawasa,
dalah kumaha
angger sangsara.
Sangsara
bathin sangsara lahir,
hirup istuning
teu walahir,
beak dengkak
neangan bagja ti luhur nepi ka hilir,
kerep ngarumas
kunaon bet baheula ti indung lahir.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com