Anging Gusti Nu Tiasa Nulungan Pun Anak

 

Muragna
     cimata indung jeung bapa,

nempo anakna
nu keur ngalaman tunggara,

unggal peuting
nu lain sare tibra,

indung bapa
nyegruk ceurik menta ka Nu Kawasa. 

 

Gusti Nu Agung
enggal jait pun anak,

anging gusti
nu tiasa nulungan pun anak,

nun gusti
enggal kabulkeun kahoyongna,

abdi ikhlas
ridlo nedunan kapalayna. 

 

Kabayang na
kongkolak panonna,

sagala nu
karandapan ku anakna,

bating jumerit
na hate indung bapana,

nempo anakna
nandang tunggara. 

 

Keclak cimata
indung bapa,

mapag carita
tunggara anakna,

dalah kumaha
diri teu wasa,

ukur bisa
jumerit ka Nu Kawasa.



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke