Muhun, kamari, dinten Senen, 20 Oktober 2008, abdi sasarengan Kang Ganjar, Mj, Ua Sas, Kang Dian, Kang Dadan Sutisna, Michael Everson ti Konsorsium (Internasional) Unicode, Kang Idin Badilah ti Balai Pengembangan Basa Daerah, Kepala Dinas Pendidikan (Disdik) Jawa Barat, oge para narasumber aksara Sunda sareng uleman sanesna (para guru wakil ti kabupaten/kota sa Jawa Barat) sasarengan ngayakeun sareng nyaksian gelaring (launching) Unicode Aksara Sunda.
Eta kagiatan minangka acara pamungkas tina 3 acara dina taun ieu dina raraga Unicode Aksara Sunda, saparantos samemehna (Mei 2008) seminar "Standarisasi Aksara Sunda untuk Unicode" sareng nyusun buku "Direktori (Pustaka) Aksara Sunda untuk Unicode". Alhamdulillah, sok sanajan kumaha wae hasilna (tangtos sampurna mah henteu/moal alias masih seueur kakirangan), namung target anu 3 eta sadayana tos kahontal. Ka nu peryogi bukuna, wayahna upami teu kaagehan jalaran kamari rupina tos seep dibagikeun. Namung, Kang Dadan ngarencanakeun bade nyadiakeun versi digitalna (kalebet software font aksara Sunda standar Unicode hasil gawe tim) anu tiasa didownload di website-website kasundaan. Upami tos tiasa didowonload, engke kang Dadan tangtos ngawartosan. Anu matak nineung dina acara kamari diantarana wae: prosesi gelaring unicode aksara Sunda (ieu tangtosna karya kang rektor Ganjar) anu nyeni namung tiasa ngagambarkeun lalakon Aksara Sunda. Diantarana wae, fragmen Aksara Sunda anu kungsi teu kapirosea salila sababaraha dasawarsa, mungkin abad, kusabab kedeseh ku aksara tradisi Jawa (cacarakan), divisualisasikeun dina prosesi kalebet dipendakanana deui Aksara Sunda. Anu sanesna, waktu Michael Everson mukaan arsip foto hiji prasasti, mun teu salah Prasasti Kawali, terus nuduhkeun yen dina eta prasasti aya lambang (lambang sora tangtuna oge) anu can kapendak aksara naon maksudna. Oge nalika anjeunna nyerat aksara Sunda langsung dina layar komputer anu disorotkeun kana layar infocus. Kayungyun, bangsa lian, jauh mela-melu sumping ti Irlandia ka aula Sanusi Harjadinata ngadon nyerat aksara Sunda. Sakitu wae minangka laporan pandangan mata :) Hatur nuhun ka sadaya pihak anu parantos rumojong kana eta kagiatan. manar On Sun, Oct 19, 2008 at 7:58 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ayeuna nuju lumangsung yeuh, acr launching unicode aksara sunda di > aula sanusi h, unpad dipati ukur. tadi kang oman salaku pupuhu tim > unicode font sunda, biantara, oge ua sas wakil ti kusnet, trus kang > ganjar kurnia rektor unpad sahibul bet. Karek ayeuna pendak jeung dian > tresna. Nuhun , tos ah, ngetik pk jempol siga sms. ayeuna nuju acara > kesenian tari > > -- > geocities.com/mangjamal > mangjamal.multiply.com > >

