jadi iraha bakal di sosialisasikeun secara umum sareng digitalisasi sacara khusus... kanggo urang sadayana diajar
On Tue, Oct 21, 2008 at 2:36 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Muhun, kamari, dinten Senen, 20 Oktober 2008, abdi sasarengan Kang > Ganjar, Mj, Ua Sas, Kang Dian, Kang Dadan Sutisna, Michael Everson ti > Konsorsium (Internasional) Unicode, Kang Idin Badilah ti Balai > Pengembangan Basa Daerah, Kepala Dinas Pendidikan (Disdik) Jawa Barat, > oge para narasumber aksara Sunda sareng uleman sanesna (para guru > wakil ti kabupaten/kota sa Jawa Barat) sasarengan ngayakeun sareng > nyaksian gelaring (launching) Unicode Aksara Sunda. > > Eta kagiatan minangka acara pamungkas tina 3 acara dina taun ieu dina > raraga Unicode Aksara Sunda, saparantos samemehna (Mei 2008) seminar > "Standarisasi Aksara Sunda untuk Unicode" sareng nyusun buku > "Direktori (Pustaka) Aksara Sunda untuk Unicode". Alhamdulillah, sok > sanajan kumaha wae hasilna (tangtos sampurna mah henteu/moal alias > masih seueur kakirangan), namung target anu 3 eta sadayana tos > kahontal. > > Ka nu peryogi bukuna, wayahna upami teu kaagehan jalaran kamari rupina > tos seep dibagikeun. Namung, Kang Dadan ngarencanakeun bade nyadiakeun > versi digitalna (kalebet software font aksara Sunda standar Unicode > hasil gawe tim) anu tiasa didownload di website-website kasundaan. > Upami tos tiasa didowonload, engke kang Dadan tangtos ngawartosan. > > Anu matak nineung dina acara kamari diantarana wae: prosesi gelaring > unicode aksara Sunda (ieu tangtosna karya kang rektor Ganjar) anu > nyeni namung tiasa ngagambarkeun lalakon Aksara Sunda. Diantarana wae, > fragmen Aksara Sunda anu kungsi teu kapirosea salila sababaraha > dasawarsa, mungkin abad, kusabab kedeseh ku aksara tradisi Jawa > (cacarakan), divisualisasikeun dina prosesi kalebet dipendakanana deui > Aksara Sunda. Anu sanesna, waktu Michael Everson mukaan arsip foto > hiji prasasti, mun teu salah Prasasti Kawali, terus nuduhkeun yen dina > eta prasasti aya lambang (lambang sora tangtuna oge) anu can kapendak > aksara naon maksudna. Oge nalika anjeunna nyerat aksara Sunda langsung > dina layar komputer anu disorotkeun kana layar infocus. Kayungyun, > bangsa lian, jauh mela-melu sumping ti Irlandia ka aula Sanusi > Harjadinata ngadon nyerat aksara Sunda. > > Sakitu wae minangka laporan pandangan mata :) > > Hatur nuhun ka sadaya pihak anu parantos rumojong kana eta kagiatan. > > manar > > > On Sun, Oct 19, 2008 at 7:58 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]<mangjamal%40gmail.com>> > wrote: > > Ayeuna nuju lumangsung yeuh, acr launching unicode aksara sunda di > > aula sanusi h, unpad dipati ukur. tadi kang oman salaku pupuhu tim > > unicode font sunda, biantara, oge ua sas wakil ti kusnet, trus kang > > ganjar kurnia rektor unpad sahibul bet. Karek ayeuna pendak jeung dian > > tresna. Nuhun , tos ah, ngetik pk jempol siga sms. ayeuna nuju acara > > kesenian tari > > > > -- > > geocities.com/mangjamal > > mangjamal.multiply.com > > > > > > -- Aldo Desatura (R) & (c) ================ Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

