Anggur Tempo Hatena
Sagala
rupa kaleuwihan tinu Maha Kawasa,
eta mangrupa
kurnia ti mantena,
kurniawan hiji
manusa nu teundeung ludeung ngabelaan kayakinana,
pakusarakan jadi
tanda timana mimitina.
Boga kahayang nu
luhung jang urang sunda,
tetep pageuh nyekel
papagah ti guruna,
ngan hanjakal
loba anu salah sangka ka manehna,
mun ditoong
hatena sarua jeung aranjeun nu nyaah ka sunda.
Ulah nempo
babasaana,
ulah nempo
kadugalana,
ulah nempo
dedegana,
anggur tempo
hatena.

