Jumerit Hate Hiji Lalaki
Keclak
cimata hiji budak lalaki,
nu teu niat mawa
kasusah kana ati,
ati indung
bapana nu teu jagjag deui,
ceurik balilihan
ngarumasakeun diri.
Gusti sanes abdi
nu langkung ngaraos tunggara,
naha
bet nyanyandak manah pun biang sareng pun bapa,
naha
bet nyanyandak pun anak sareng pun bojo tunggara?
Wios ka abdikeun
wungkul ieu nalangsa.
Bari
ngembeng ku cimata,
lalaki eta
ngalengis cumarita,
hariwang ningali
indung bapa,
salempang
ningali kaayaan kulawarga.
Duh anaking
kakasih apa,
bapa kaduhung
kabina-bina,
matak aranjeun
jadi kabawa-bawa,
padahal aranjeun
teu milu nyieun dosa.
Upami aya
gentosna gusti,
kanggo mayar
sadaya dosa abdi,
mangga
uningakeun ka abdi,
supados tiasa
ngabagjakeun kulawargi.
Deudeuh teuing
nyai,
akang lain teu
surti,
istuning akang
teu gede bakti,
nepi ka anjeun
karaheutan ati.
Hapunten abdi
ibu rama,
abdi teu
pisan-pisan nyandak sangsara,
teu pisan-pisan
ngahaja ngaraheutan manah salira,
istuning sakieu
ageungna abdi nyanyandak dosa.
Jumerit hate
hiji lalaki,
nu can bisa
nunjukeun bukti,
bukti kanyaah ka
kakasih ati,
ngarasa salilana
mawa raheut kana ati.
Tisuksruk
tidungdung,
nu sesa tinggal
kaduhung,
boa teu malire
papatah indung,
tungtungna
nasibna tikecemplung.