[NISAN DENGAN TULISAN CACARAKAN DI GUNUNG BATU DESA CILEULEUY] 
<http://wartadesa2007.files.wordpress.com/2008/09/tutunggul.jpg>
Pikeun ngadukung kawasan Gunung Batu di Desa Cileuleuy, statusna kaasup
banda cagar budaya (BCB) pihak P4P Serang Banten keur tihothat. Sabab
galur pamikiran tim ti P4P asa pamohalan mun guci nu ditimukeun taya
pendukung sejena. Copelna, dina tayana wanoa (karajaan atawa padukuhan),
tangtuna aya garis katurunan, padepokan atawa pilemburan.

Dumasar pamikiran samodel kitu, Zakaria saparakanca kukurubutan di
sabudeureun Gunung Batu. Sapoe jeput jeung siga taya kacape ngirlingan
lahan nu legana 70 hektar. Keur mah tempatna nanjak mudun sabab geus rea
batu nu ditugaran katut kesikna dikalian. Swendhi, nanyakeun ka Salim,
"Naha di lelewek ieu aya komplek pajaratan?" dijawab aya.

Geus kitu mah, rombongan muru komplek pajaratan umum Desa Cileuleuy nu
anggangna ti tempat ditimukeunana guci aya meureun saratus meterna ka
beulah wetan. Tapi jalana rada nguriling jeung nanjak lantaran aya di
luhur pasir. Anjog ka pajaratan, Salim nyebutkeun aya makam nu dianggap
teu puguh laratanana tapi urang lembur nyebutna Embah Sentul.

Satutasna dipariksa leuwih gemet ku tim, eta makam diduga lain
hiji-hijina makam nu aya pakuat-pakaitna reujeung guci. Swedhi, ngaduga
nu disebut makam Embah Sentul nu taya kajelasan asal-usulna atawa biasa
disebut lain rundayan masarakat Desa Cileuleuy. Anggapan samentara, eta
makam diduga aya lain ngan hiji tapi bagean tina kolompok masarakat.

Salim, mere apal yen di eta pajaratan masih aya keneh makam nu teu
dipiwanoh. Samalah ngaran, asal-usulna jeung taun wafatna taya. Tapi aya
kalimah dina maesanana, ngan dirina teu apal, tulisan naon jeung
hartina. Rombongan, teu talangke muru makam nu disebutkeun Salim. Teu
pati jauh antara makam Embah Sentul ka makam nu dimaksud, kira-kira 25
meteran anggangna.

Sapaliwatan, makam nu dituduhkeun teu beda jauh jeung makam-makam sejena
nu aya di eta lelewek. Dua makam pagigir-gigir nyanghareup ngaler
ngidul. Kenca katuhuna ngan dipasang batu jeung maesan nu ilahar. Makam
teh dialak-ilik ku tim imeut pisan. Barang breh teh dina maesan aya nu
teu ilahar jeung makam sejena. Aya tulisan ngagunakeun aksara cacarakan
(datasawala).

"Makam keur mere ciri ka nu teu apaleun atawa sebut bae makam kuno.
Mun maesanana pucukna kawas gelung eta awewe. Tapi mun lancip cirina
lalaki. Ieu (nuduhkeun ka makam nu congo kawas gelung) nu dipendemna
awewe," ceuk Zakaria bari ngilikan maesan. Inyana naya ka Salim
jeung pada baturna "Saha ngaran ieu makam teh?" dijawab ku Salim
cukup ku "Duka teu terang."

Ceuk Zakaria keneh "Ieu makam bisa aya pakuat-pakaitna reujeung guci
nu ditimukeun. Ngan kudu aya panalungtikan nu leuwih gemet. Naha bener
atawa henteuna? Sabab bisa bae ieu tulisan meunang anyar atawa memang
geus ti baheulana. Samentara mah bisa diduga yen ieu makam kaasup kuno.
Eta hal dumasar ciri-ciri dina maesan," pokna bari noelan maesan.

Sabagean aksarana geus katutup ku lumut, supa jeung ganggang, sambungna,
teu bisa dikoerkeun ku paku atawa alat teus sejena. Tapi kudu
ngagunakeun zat kimia, nyaeta ACC 322. Maesanana memang geus teu kaurus
mun dicokelan, dirina hawatir bisi cacad. Sedengkeun dina maesanana aya
tulisan nu ngagunakeun aksara cacarakan, nu engkena ngarobah maksudna.

Ngan dirina harita teu mawa alatna. Ku kituna geus diniatan bakal datang
deui ka Gunung Batu pikeun nalungtik leuwih gemet. Kajeun karek dugaan,
Zakaria mere ciri-ciri atawa simbul nu aya dina maesan. Dina maesan, aya
garis buled, di jerona aya tulisan cacarakan, ceuk Swedhi eta hartina
wafat. Garis buled ampir sarua jeung makam-makam katurunana Kacirebonan.

"Aya sababaraha ciri nu nuduhkeun jaman dikurebkeunana jalma maot.
Mun aya tanda buled jeung garis-garis lurus di luar lingkaran. Contona
kawas lambang partai amanat nasional (PAN) eta disebutna Cahaya
Majapait. Hartina, maesan nu aya lambang samodel kitu, mangrupakeun
makam mangsa Karajaan Majapait," ceuk Zakaria daria.

Diunggal daerah, ceuk Zakaria, mibanda simbul beda-beda kawas Aceh,
Sulawesi, Palembang, Dayak jeung rea-rea deui. "Sedengkeun simbul
dina makam ieu (Gunung Batu-red) mangrupakeun jaman Kasultanan Cirebon
atawa mimitina sumebarna Islam di Sunda atawa Pulo Jawa. Jadi kasimpulan
awal, antara makam jeung guci aya patula-patalina," tandesna.

Zakaria nerangkeun, yen guci di bawa ka Gunung Batu ku salah saurang
ulama ti Cirebon samemeh Gunung Cireme bitu. Eta ulama nyieun padepokan
di eta lelewek keur nyumebarkeun agama Islam. Hubunganana jeung guci,
nyaeta palasipah guci deukeut jeung cai. Hartina guci bisa dianggap keur
naur cai atawa nyimpen. Sabab mangsa harita tacan aya tempat husus kawas
kiwari.

Sacara geografis, makam geus bener ayana di luhur pasir. Sabab satutasna
Cireme bitu, pasir teh aya dihandapeunana. Lantaran lahar jeung batu teu
bisa laju ngamalirna. Antuna ngageneng, jadi bae pasir atawa Gunung
Batu. "Sigana, makam ieu samemeh Cireme bitu geus aya, jeung
dihandapeunana mangrupakeun padepokan keur nyumebarkeun Islam,"
tandesna.

Eta hal dikuatkeun deui ku wanda makam nu nyanghulu ngaler ngidul. Mun
makam wandana samodel kitu hartina peradaban geus luhur jeung agamana
Islam. Sabab Hindu-Budha teu dikurebkeun tapi di beuleum. Beda jeung
agama Purbastiti Purbajati nu diagem ku Sri Baduga Maharaja Niskala
Wastu Kancana, taya nu maot tapi ngahiang eta oge mun geus nepi ka moksa
(abadi).

Eta hal disababkeun taya bukti-bukti boh rupa makam rajana atawa
rahayatna. sedengkeun makam-makam purbakala atawa pra sajarah nyanghulu
ka barat daya atawa timur laut. Antara periodesasi jaman, geus
ngabedakeun wanda makamna. Ngan karereana makam kuno nu kapanggih di
Sunda mangsa Islam sumebar jeung jaman purbakala. Hartina aya hiji
generasi masarakat nu leungit laratanana.
"Ngan pikeun ngabuktikeunana lelewek Gunung Batu kudu dieskavasi
(dikali) heula. Ngan nya kitu, ngabutuhkeun waragad lain saeutik,"
pokna semu rumahuh.

Kirim email ke