[AHMAD, DITEMPAT DITIMUKEUNANA GUCI ABAD KA 13]
AHMAD, DITEMPAT DITIMUKEUNANA GUCI ABAD KA 13

GUNUNG batu nu perenahna di Blok Popojok Desa Cileuleuy Kecamatan
Cigugur saminggu katompernakeun ngadadak jadi kacapangan. Lain bae
masarakat nu panasaran dalah ti Balai Arkeologi (Balar) Bandung ngutus
tim ka eta patempatan. Pon kitu deui Kantor Suaka Serang Provinsi Banten
(nu ngahususkeun kana panalungtikan kaarkeologian) nyejakeun.

Datangna tim arkeologi ngadongkang ka eta patempatan alatan meunang beja
ti Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disparbud) Kabupaten Kuningan. Yen
di Gunung Batu ditimukeun guci jeung gerabah (pependil : basa Kuningan)
tina jeuro taneuh ku Ahmad, 20 taun, warga Kampung Puhun RT 1/1 Desa
Cileuleuy Kecamatan Cigugur salah saurang tukang ngali batu di eta
lelewek. Jangkung gucina kurang leuwih 40 senti meter, garis tengahna 30
centi jeung warna koneng gading.

Sedengkeun pependil (pendil) jangkungna kurang leuwih 18 senti, garis
tengahna kira-kira 20 sentian jeung warnana pulas hejo. Eta guci jeung
pependil, ayana tina beungeut taneuh jeurona kurang leuwih 40 meteran.
Kapanggihna oge teu dihaja. Basa Ahmad, di suruh bapana Salim, 50 taun,
sangkan mantuan mobil keur ngunggahkeun keusik nu dibeulina.

Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disparbud) Kabupaten Kuningan,
Drs. H. Yayan Sofyan, MM., nu ditepikeun ku Kepala Bidang Kebudayaan
Suryono, S.Sen., "Kaayaan topogarpi taneuhna nu sababaraha lapis
samentara bisa dijinekun. Ayana gunung batu satutasna Gunung Cireme
bitu, kira-kira taun 1856-an. Sabab di dinya aya pasir rupana lemes,
kualitas nomer hiji nu asalna tina lahar. Pon kitu deui batuna nu
diutahkeun ti jeuro kawah. "

Lapisan taneuh samodel kitu, ceuk Suryono, bisa ngamankeun barang-barang
nu kabawa palid ku lahar. Kawas Ahmad, nimukeun guci jeung pendil atawa
nu sejena manggihan piring keramik dina kaayaan beleger kusabab
kasimeuhan keusik. Teu kadempet atawa katinggang batu. "Mun
dianalisis leuwih gemet deui samemeh Cireme bitu di eta lelewek geus aya
pilemburan," pokna.

Dumasar anggapan awal ti pihak Balai Arkeologi Bandung jeung Serang,
ceuk Suryono, guci jeung pendil umurna geus ratusan taun. Copelna ti
abad XIII
  [GUCI ABAD KA XIII & XVI NU DITIMUKEUN DI GUNUNG BATU]
GUCI ABAD KA XIII & XVI NU DITIMUKEUN DI GUNUNG BATU

atawa ka tujuh belas. Lantaran jenis barangna mangsa jaman Eropa aya di
Indonesia. Lain jaman samemehna, nu dibawa ku Ong Tin Nio ti Cina. Keur
mastikeun bener atawa henteuna guci jeung pendil di bawa ka laboratorium
di Serang.

"Guci jeung pendil teh minggu kamari di bawa ka Serang pikeun
ditalungtik nu leuwih gemet. Ke hasilna baris katohyan saminggu atawa
dua minggu ka hareup. Boh umurna jeung asal-usulna. Naha ayana di
Cileuleuy teh dibawa ku bangsa Eropa, hususna Belanda atawa ti para
sudagar nu nyejakeun mampir atawa memang aya tradisi nyieun
keramik?" pokna.

Hasil panalungtikan ti laboratorium, ceuk Suryono, baris dibewarakeun ka
masarakat. Mun hasilna positip mibanda ajen inajen sajarah luhur.
Pastina oge gunung batu nu legana 70 hektar bakal dipenta ka masarakat
sangkan teu dikali deui. Tujuanana keur panalungtikan nu leuwih gemet.
Naha rek di eksavasi (ngali) atawa dicokot keusikna keur sampel
panalungtikan di laboratorium.

Kirim email ke