Tina hiji jihat mah meureun urang patut reueus, tapi kumaha sabenerna?
Da sigana mah 'kanibal', mekarna basa Indonesia di hiji sisi teh
dibarengan ku nyirorotna basa2 lokal...

Kamari2 kuring 'ngimpi', yen basa-basa nu aya di urang teh diaku ku
konstitusi salaku basa resmi. Ku kituna, biantara di forum2 resmi
Nasional teh bisa make basa Sunda, Malayu, atawa basa lianna, kalawan
kawajiban mere transkrip dina basa Indonesia. Mun kitu, kadaerahan,
lokalitas, atawa pluralitas bangsa teh bener2 diaku bari jeung prakna.

Mun pangakuanana terus kawas kiwari anu ukur dina keretas, sarua bae
jeung maehan lalaunan atawa kari nungguan hosna. Reueus soteh dina
iklan indomie, nyaranyi make basa sewang2an... Prakna mah...

On Thu, Oct 23, 2008 at 10:30 AM, ua duq wrote:
> Dikirimkeun ka dieu teh alatan aya sunda kasubat-kasabet. wilujeng maca

Kirim email ke