Mun nempo pro-kontra masalah UUP, kuring kadang hayang seuri... Model kamari saliwat kuring ngabandungan wawancara ngeunaan ieu. Nu hiji Astri Ivo, nu hiji deui JuPe. Saur JuPe mah kaleuleuwihi cenah, maenya --punten--- masturbasi wae dilarang dina UUP. Heuheu... Padahal, anu kuring kungsi maca mah, UUP ieu pan nekenkeun P-na: pornoGRAFI. Mun euweuh nu porno mah moal aya jelema loba kawas ayeuna. Anu dicaram teh GRAFI-na, nembongkeun/nyebarkeun lalampahan (hadeuh... lalampahan... kawas ngumbara wae...) porno. Rek ---punten deui--- masturbasi tujuh poe tujuh peuting ge pek teh teuing, urusan sewang2an, mun dosa ge dosa sorangangan. Ngan ulah ditembong2 ka batur, sabab batur jadi kabawa dosa meureun (geus puguh jadi geuleuheun mah...).
Tah kitu... Jadi, masarakat urang mah memang kitu tea... Kumaha nya... mandi heula ah... 2008/10/24 H Surtiwa > Mun teu lepat...saluruh komponen bangsa Indonesia ngadukung ayana RUU > Pornografi.tapi khusus dina RUU ayeuna hasil Pansus DPR..loba anu teu satuju > kana eusina...kulantaran kurang cerdas cara n gemasna...cenah... >

