> From: Tito Suryana > Bah ari Trio Macan eta mun nuju nyanyi kalebet porno teu ? > da ayeunamah panyanyi dangdut teh asal bisa ngagitek syuuurrrr weh...tos > jadi artis duka ari sorana mah hehehehe
Lah ari si Abah Tito, rumasa kuring mah teu terang Trio Macan teh. Lamun si Inul mah apal, jeung panyanyi2 organ tunggal nu sok ditanggap ari aya nu kariaan (sunat) atawa kawinan. Leuh da enya atuh mani ......matak resep ...... hahaha. Duka eta teh disebut porno atawa henteu ...... da masih dibaraju. Rada hese sigana mah definisi pornografi teh da gumantung kana adat istiadat. Keur urang Pantura (ti Banten tepi ka Jawa Timur) awewe ngigel bari muterkeun bujur, geus ti baheula keneh aya (contona Jaipongan, dompret ...jrrd). Jadi "bujur muih" teu aya masalah keur maranehna. Atuh conto nu paling ekstrim, di Brazil aya karnaval taunan, awewe ukur marake bikini terus ngigel bari bujur diputer-puter. Mungkin keur di urang mah porno, tapi da keur urang Brazil mah henteu. Tapi aya nu umum sigana teh, nontonkeun hubungan sanggama. Dimana-mana eta mah dianggap porno. Dalah Gajah oge, dina pelem dunia satwa, sok nyingkur duduaan lamun arek "kikituan", tara hareupeun kolompokna ...... Baktos, WALUYA

