Ass. Wr. Wb.
Palawargi nu dipihurmat
Sim kuring inget baheula keur mangsa budak, dimasigit-masigit atawa ditajug sok
sering kadenge barudak keur nadoman/pupujian, kadengena teh memeh adzan magrib
atawa memeh adzan subuh...mun memeh adzan subuh mah biasana nu kadengena teh
sora kolot atawa aki2.
Tapi mangsa kiwari geus tara kadenge deui nu jiga kitu teh...duka teuing kunaon
dan kuring ge teu pati ngarti naon nu nyababkeuna, padahal umpama ditingali
tina bab ngajar mah etateh kacida ngabantu pikeun budak supaya gancang apal.
Ieu salah sahiji conto nadom nu kuring masih keneh apal...
Eling-eling dulur kabeh
iabadah ulah campoleh
beurang peuting ulah weleh
bisina kaburu paeh
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
matak kudu ati-ati
ibadah masing gumati
Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
matak geura buru tobat
ibadah ulah kaliwat
Tah kitu palawargi...seueur keneh nadom nu samodel kitu...saperti 25 Nabi jeun
Rosul, 10 malaikat Alloh, Sifat2 wajib jeung sifat Mustahil pikeun Alloh jrd.
Baktos
SR