hatur nuhun kang nadom-na
aya deui? :) cing tambihan atuh
----- Original Message -----
From: Suryana Rahayu
To: urangsunda
Sent: Friday, October 24, 2008 10:48 AM
Subject: [Urang Sunda] Nyoreang mangsa ka tukang
Ass. Wr. Wb.
Palawargi nu dipihurmat
Sim kuring inget baheula keur mangsa budak, dimasigit-masigit atawa
ditajug sok sering kadenge barudak keur nadoman/pupujian, kadengena teh memeh
adzan magrib atawa memeh adzan subuh...mun memeh adzan subuh mah biasana nu
kadengena teh sora kolot atawa aki2.
Tapi mangsa kiwari geus tara kadenge deui nu jiga kitu teh...duka
teuing kunaon dan kuring ge teu pati ngarti naon nu nyababkeuna, padahal umpama
ditingali tina bab ngajar mah etateh kacida ngabantu pikeun budak supaya
gancang apal.
Ieu salah sahiji conto nadom nu kuring masih keneh apal...
Eling-eling dulur kabeh
iabadah ulah campoleh
beurang peuting ulah weleh
bisina kaburu paeh
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
matak kudu ati-ati
ibadah masing gumati
Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
matak geura buru tobat
ibadah ulah kaliwat
Tah kitu palawargi...seueur keneh nadom nu samodel kitu...saperti 25
Nabi jeun Rosul, 10 malaikat Alloh, Sifat2 wajib jeung sifat Mustahil pikeun
Alloh jrd.
Baktos
SR
__________ NOD32 3550 (20081023) Information __________
This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com