Geura Ngahiji
Aya
sawelas manusa nu bakal ngaping mangsa,
mangsa
ngamimitian nguniangna urang sunda,
tina sare
tibra nu geus lawas kacida,
jang
kadigdayaan nu geus aya dina ramalan para pandita.
Takdir teu
beunang dipungkir,
kajeun
sakumaha aranjeun mungkir,
ieu kajadian
geus lila dina lalangit diukir,
tanda geus aya
ti mimiti aranjeun lahir.
Lain ku
kahayang,
komo ku sabab
hayang,
istuning di
luar kahayang,
nandakeun kudu
kumaha aranjeun kumalendang.
Geus di
mimitian aranjeun ku kuring diteangan,
kusabab kuring
geus ti anggalna di amanatan,
ngahudang nu
sawelas geura ngamimitian,
nedunan amanat
nu geus katitipan.
Aranjeun lain
jalma anu sarua,
sakabeh bijil
ti lembur anu beda,
sakabeh boga
tanda anu beda,
jang ngahiji
ngawal lengkah sakabeh sunda.
Geura ngahiji,
mun mungkir
kapaksa ku kuring diuji,
ngarah geura
nedunan anjeun boga jangji,
kunaon
aranjeun cangcaya kuring boga jangji.
Tingali
langit geus mimiti ceudeum,
nandakeun geus
kudu geura muka handeuleum,
atawa kapaksa
aranjeun kabeuleum?
kujang na dada
geus ruhay beureum.
Kanu sawelas
jawara nagri kahiyangan,
aranjeun geura
ngahiji babarengan,
teu kudu
ngagegedekeun bebedaan,
kaburu tanda
di aranjeun ngarogahala diri sorangan.
Sakabeh tanda
nyelap dina jero iga,
sakabeh tanda
moncorong dina dada,
tanda kujang
pusaka nagri sunda,
nandakeun
aranjeun ponggawa tatar sunda.