Raja Soleh Tur Wicaksana
Cecetok
diparake ku pa tani jeung nu kapalasar,
istuning
nambah kaendahan nu dumasar,
ramena rahayat
masing-masing gawean,
nandakeun
tengtremna rahayat dina kahirupan.
Siliwangi
pamingpin nu nyaah ka rahayatna,
lain pamingpin
nu ngarogahala katengtreman rahayatna,
kajeun boga
kawasa nu sakitu gedena,
tetep ngarasa
ngahiji jeung inget kana wiwitana.
Seuneu lain
taluk ka manehna,
cai lain taluk
ka manehna,
taneuh lain
taluk ka manehna,
angin lain
taluk ka manehna.
Istuning suka
ku sipatna,
nepi ka daek
diparentahna,
raja soleh tur
wicaksana,
nu
ngaheulakeun kanyaahna.