Raja nu resep ngahiji jeung
rahayatna
Sawah
ngeplok hejo di padataran,
dilingkung
pasir pinuh tatangkalan,
dibeulah
kamalir nu ngahaja meunang nyieunan,
istuning
nandakeun rahayat meunang kasenangan.
Nu tatanen
sawah kebon jeung babalongan,
digarawe pinuh
ku katengtreman,
teu sieun
panen engke dicokotan,
kunu teu hak
pagawe karajaan.
Nu di tonggoh
atawa nu di lebak,
istuning
kabagean marakbak,
euweuh sugan
nu kawasa ka rahayat matak semplak,
sakabeh nu
nyicingan eta tempat hirup rampak.
Rahayat sunda
nu boga cecepengan,
hirup sauyunan
sabab aya nu mayungan,
hirup akur asa
sadulur sabab boga panutan,
hirup tengtrem
lahir batin sabab boga puntangan.
Raja nu resep
ngahiji jeung rahayatna,
resep babagi
kasenangan jeung rahayatna,
milu ngarasa
kasusah rahayatna,
teu ukur menta
ti rahayatna.