--- On Fri, 10/17/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat-12
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Friday, October 17, 2008, 12:33 AM







Pabeubeurang, di kota Liao Tung aya nu datang nu dituju restoraana, jigana ieu 
jelema teh datang ti tempat jauh, lantaran kaciri loba kokotor dina bajuna; 
manehanana make baju anu basajan, jadi kacirina lain jelema jegud,jeungna deui 
asupna ka ieu kota teh bari lempang teu naek tutumpakan naon2. Manehna asup ka 
restoran di tampa ku palayan bari someah ; umur eta jelema teh kira2 40an taun, 
badanna biasa wae; ngan dina sorot matana kacida seukeutna nepi ka saha wae nu 
nenjo bakal ngahormat ku kharisma jeung wibawana; tanda eta jelema teh teu bisa 
dianggap sisiwo.Manehna mamawa pedang pondok, nu sarangkana jeung gagangna tina 
perak kabehanana; manehna teu loba mesen dahareun, jigana mah asal ulah lapar 
teuing we, ngan manehna nanyakeun naha di kota eta aya tukang panday atawa 
gosali; dituduhkeun ku palayan restoran yen aya duaan di ieu tempat teh; nu 
hiji ngora kenah, ari nu hiji deui pantaran manehna. Sanggeus dahar, eta jelema 
tih gidig wae ka tempat nu
 dituduhkeun, nujuna ka nu saumur jeung manehna. 
Teu kungsi lila eta jelema teh geus nepi ka nu dijugjugna, nya eta tempat 
panday tea; kakara ge jol geus ditarima ku eta tukang panday teh, bari mere 
budi anu kacida simeahna:"Haturan , tamu nu tebih geuning, mangga . Bade Mesen 
naon atuh? Atanapi bade ningalan wae, mangga." 
Manehna teu ngajawab, ngan mencrong we lila pisan ka eta tukang beusi teh, atuh 
si tukang beusi teh mani ngadaregdeg di pencrong kitu teh, ngan ukur balaham 
belehem we samar rampa. Sanggeus rada lila manehna nanya kieu :" Bapa, bapa tos 
lami jadi tukang panday beusi di dieu ?" 
“Leres pisan Gan, ti burey keneh abdi hirup di dieu teh, aya naon kituh , mani 
rareuwas ?" 
Manehna repeh sakeudeung terus ngalirik ka si tukang panday, terusna nanya deui 
:"Kungsi bapa kaluar ninggalkeun ieu tempat?" 
“Oooo, leres gan kapungkur, nuju kuring belekesenteng keneh, tapi nya akhirna 
mah balik deui we ka lembur, nepi ka ayeuna." 
  
“Kitu nya ?" Cek manehna semu rada nyindiran, salila di dieu naha aya kamajuan 
usaha panday teh ?" 
"Nya lumayan we gan." walon tukang panday pondok.  
Keur galuntreng ngalobrol kitu, jol jelema tiluan ti kota, atuh buru tukang 
gosali teh nyampeurkeun ka eta nu tiluan bari rengkuh jeung hormat pisan, bari 
nanyakeun kaperluan nu tiluan . 
“hehehehe, euy kamari urang mesen bedog teh 20, naha geuning nu katampa mah 
ngan ukur 17 ?" 
“Aduh naha nya ? da waktos eta teh yakin pisan tos dietang jumlahna 20, tos 
ditampi kamari ku rerencangan para agan.” 
“Naon!? yeuh kuring sorangan nu ngitung, jumlahna ngan 17, naha andika rek 
nuduh yen kuring gede bohong, hah?!" 
“Teu pisan2 atuh nun, tapi da jelas pisan kamari nu ditampikeun teh jumlahna 
aya 20, teu kirang deui nun.” 
“Tong loba omong siah, ganeng! Ayeuna gani eta bedog nu tilu, awas siah mun 
henteu !” 
“mangga, mangga, gamparan, mangga, ayeuna keneh bade dipidamel ku jisim abdi.” 
Tukang panday teh teu talangke deui teus we migawe eta parentah, bari 
dumaregdeg sieun, demi ki semah nu anyar pinanggih tea nenjokeun we ka na 
sagala nu dilakukeun ku eta tukang gosali, pangpngna nenjo cara leungeunna 
ngagawekeunana. Kaciri si panday teh ngagawekeunana teu kesit, siga nu cape 
jeung euwueh tanaga, si nu tiluan teh ngocomang deui yen eta tukang panday teh 
digawena lelet pisan, demi si tukang beusi mah teu ngomong naon2 , manehana 
jongjon wae migawe pagaweanana. Ku sabab omongan maranehna asa teu didenge , 
salah sahijina nyentak:"Hey tukang panday pikun! Rek iraha anggeusna hah eta 
pagawean, mun cara kieu pagawean andika ?!"



      

Kirim email ke