--- On Mon, 10/20/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat-13
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Monday, October 20, 2008, 2:48 AM







“Sabar atuh saeutik mah agan , keun ku abdi bade teras diusahakeun; abdi ge 
nyuhunkeun dilunasan ayeuna artosna , pan kedahna dinten ieu abdi nampi 
artosna  teh .” 
“Naon ?! Duit ?! Dedengean teh duit !? Yeuh pagawean ilaing wae can beres, naha 
make nagih bayaran hah !? Make Uteuk ari ngomong, ulah dapon engap wae, si , 
dasar geus pikun !"  
“Mangga .... mangga nun, mung eta atuh da abdi teh ayeuna tos kaseepan beas, 
kulan …….” 
Can ge beak eta omongan tukang panday, salah sahiji antara nu tiluan haok deui 
wae motong :”Eta mah urusan andika, pagawean andika nepi ka ayeuna can beres 
keneh, hayoh rek menta duit, masih untung maneh teu dihukum oge, pikun , mun 
henteu mah..... hhhhh!" 
Ngabandungan obrolan ilu jelema jeung tukang panday, kacirina ki semah nu tadi 
teu sugema pisan, manehanana ngadehem sababaraha kali, tapi ayana eta ki semah 
teh tu diwaro samasakali ku nu tiluan, malah nu saurang nyuntrungkeun si tukang 
beusi , nepi ka tikusruk. 
Ki Semah geus beak sabar, terus ngadeukeutan si tukang panday jeung 
dihudangkeun kumanehna, terus ngomong lalaunan ka nu tiluan:"Cing sing sabar we 
atuh.” 
“Hahahaha, naon urusanana maneh pipilueun hah Naha si pikeun ieu teh dulur 
maneh; maneh rek nyoba ngabelaan ?" Ki semah teu ngawalon sakecap oge ngan 
kaciri seuri bari sinis; tina sorot panonna kaciri manehna kacida ambekna . 
“Eh ! Ku naon teu ngajawab hah, rek nyoba nyoba kadigjayaan ? Rek nyoba 
ngalawan ka urang hah ; maneh wani ku sabab mamawa eta peso ? Urang teu sieun, 
nyaho? Maning keneh dijual eta peso mintul teh, pan bisa nambahan tah duit keur 
bekel dijalan !” 
Si Tukang panday ujug2 nyuuh ka Ki Semah, jeung ngajurung ki semah gura giru 
indit ti dinya. Nenjo kalakuan tukang panday kitu, nyel we nu tiluan ambek, 
terus si tukang panday ditewak terus dibantingkeun niban lemah, tarik pisan, 
nepi ka si tukang panday aduh2an nyerieun, nempo kitu KI Semah seuri mani 
ngageter, nu tiluan terus wae ngerepuk ka Ki semah, tapi........ krek! krek 
sora tulang potong, aduuuh!!! 
Leungeun nu tiluan ngadadak parotong, nyerina kabinabina, bari jeung maranehna 
teu ngarti kumaha carana; da teu jiga nyingcet atawa nakis, ujug2 keungeun 
maranehna nyeri we. maranehna ayeuna mah sadar yen maranehna keur 
nyanghareupeun jalma nu lain sisiwo; teu bisa diukur sakumaha digjayana eta 
jelema; atuh kabehanana kacida reuwas jeung sieunna, teu kudu dikomando, 
beberbet we eta nu tiluan teh ngalacir . 
   
 
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


      

Kirim email ke