Assalamualaikum para wargi, Nepangkeun, Junaedi Mahlani, kawit ti Jl. Budi Cilember Bandung (langkung caket ka Cimahi) ayeuna ngumbara di Jakarta. Salam pangabaktos ka saderek sadayana.
Wassalam.. ===================================================================== Punten bilih kanu kantos maos atanapi memang pelaku dina dongeng ieu... Punten abdi teu terang saha nu nyerat ieu. Kenging ti milis internal. Nyuhunkeun widi ka nu nyerat diposting didieu nya. Aya vampir tiluan keur ngumpul di gunung rek ngadu jajaten. Nu pangkolotna ngomong, "Tungguan sakeudeung " belesat! ngapung. DUA MENIT geus balik deui bari sungutna getih wungkul "Kaciri lembur itu?", ceuk manehna bari nunjuk ka lebah kenca. " Enya .." ceuk nu duaan deui "Ku aing kabeh jelema di dinya beak getihna disedot" Giliran nu kadua, "Dewekeun ", belesat! leungit saharita SATENGAH MENIT geus mucunghul deui bari sungutna jeung irungna pinuh ku getih "Kaciri kota nu itu?", ceuk manehna bari nunjuk ka lebah katuhu. "Enya .." ceuk nu duaan deui "Ku dewek saat kabeh getihna disedot" Nu pang ngorana teu loba omong, ngabelesat leungit saharita! LIMA DETIK! geus datang bari getih ngucur keneh tina beunguetna "Kaciri tihang listrik nu itu?" ceuk manehna bari nunjuk ka tengah " Enya .." ceuk nu duaan deui "Ku uing bieu teu kaciri !"

